Oto Iskandar di NATA “Nyongcolang ngokolakeun Pagoeyoeban Pasoendan...”

Hiji Désa Nu Ngaranna Sidemen

Kiriman Kuncen on Apr 7th, 2009 dina Sajak. Pairan tiasa dipaluruh dina RSS 2.0. Rawayan nampi kintunan seratan. Dulur-dulur nu mikahaat basa sareng budaya Sunda tiasa ngiring aub janten Kulawedet Rawayan.

Hiliwir angin sumelendep
Di sela tajug jeung dapuran awi
Di kajauhan, pasir-pasir sumujud ka anjeun
Tatangkalanana menekung napsiran dikir manuk-manuk
Saleunjeur walungan meulah pasawahanCaina ngamalirkeun simpé jeung tingtrimna lembur
Basa langit turun nganteur srangéngé tunggang gunun

Sajadah ngampar luhureun kotakan-kotakan sawah
Pucuk-pucuk paré anteng ngagalindengkeun pupujian
Teu kapireng sora kuda atawa anjing nu babaung
Mangsa sakabéh dangdaunan di kebon ngucapkeun salam
Ka anjeun. Kaéndahan ieu teu diwangun tina padalisan lagu
Tapi angin nu ngahiliwir, walungan nu ngamalir
Kawas ngaharéwoskeun kalimah-kalimah anjeun nu halimpu

Tapi halimun nu rerencepan, tapi ngungun kalangkang tanjung
Kawas ngungkarakeun bagéan-bagéan rusiah anjeun
Paré-paré ngadadak karonéng luhureun sajadah coklat
Basa kuring ngadegkeun tajug anyar dina haté
Kasabaran geus ngabaladah jalan satapak ka mumunggang
Pikeun poé-poé kuring néangan tungtung lalampahanana
Di antara samporétna mangsa jeung tan wates wangenna simpé

1995

Ifni

Basa cahya wungu ngagarajag maseuhan rohangan kafé
Angin ngahiliwir di antara korsi-korsi hoé, méja kaca
Asbak marmer. Téko leutik sarta dua cangkir cikopi
Nu masih kénéh ngebul. Basa pameunteu anjeun
Kakeclakan tungtung cahya wungu nu nyaliara
Anjeun jadi lukisan. Horéng halis anjeun leuwih alum
Batan dapuran asaléa nu ngarumpuyuk di buruan
Leuwih ngungun batan sareupna nu turun tanpa tarajé
Jeung ngaragragkeun simpé kana genclangna babalongan

Di juru patung-patung batu geus euweuh sirahan
Kawas monumén nu kapopohokeun sarta laun-laun
Lukutan. Kuring ngaregot cikopi bari ngumbar implengan
Nyukcruk kaéndahan dina seungitna buuk anjeun:
Di hareupeun katangen deui basisir, lambak, batu karang
Suku langit nu nganteng sarta méga-méga nu ngagulung
Kabéhanana lumangsung dipirig geter jajantung
Sedeng cahya wungu nu nyeuseup tandes imut anjeun
Nyamuni dina pipi kentob nu ngadadak beureum

1997

Acep Zamzam Noor penyair oge pelukis pituin Tasikmalaya, Jawa Barat. Kumpulan puisina, Menjadi Penyair Lagi, dilélér Khatulistiwa Literary Award 2006-2007. Inyana nu ngaluluguan Sanggar Sastra Tasik (SST) jeung Komunitas Azan.

Mairan

Lebet log | WpAdvanced NewsPaper | Pakutan-kutan pageuning-geuning. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan | GabfireThemes © ALL RIGHTS RESERVED