ku Herman Saputra
Réngsé salat Subuh biasana Ema langsung kaprak-keprek di dapur, mirun seuneu, naheur cai keur ninyuh cikopi jeung ngeusian téko, popolah nyieun lalawuh saaya-aya keur mumuluk isuk-isuk.
Teu lila kulutrak Bapa muka panto mulih ti masigit, gék calik di tepas. Cikopi sacangkir sareng seupan sampeu gura-giru dibakian disodorkeun ku Ema kana méja Bapa. Suruput cikopi panas diuyup ku bapa semu ni’mat naker, kusiwel ngaluarkeun dompét bako jeung daun kawung, dilinting, cekés pelenyun udud sajongjongan. Seupan sampeu minangka sasarapna téh.
Rengse sasarap tuluy nyiapkeun pakarang bawaeun ka sawah,ari ema jongjon deui wé di dapur, ngisikan tuluy nyangu, gégéroh jeung ngasakan deungeun sangu.
Réngsé nyiapkeun pakarang, bapa tuluy ngagidig muru ka sawah. Karasa hawa tiis kénéh, reumis masih kénéh baseuh dina dangdaunan anu sakapeung kahibas ku awak, karasa nyecep. Anjog ka sawah téh isuk kénéh pisan, teu siga pagawé di kota nu sok kabareurangan.
Ngolah sawah biasana kumaha usumna, aya usum macul, usum tandur, usum melak atawa usum ngarambét dilakonan kalayan daria jeung soson-soson. Lamun panon poé geus karasa ngajeletit rék maju ka panas morérét, disebutna téh wanci pecat sawed (kira kira tabuh 10), katingali rentang-rentang Ema angkaribung. Boboko eusi timbel jeung deungeun sangu digémbol, pananganana ngajingjing téko digantélan ku cangkir séng. Kuring ngiclik dipengkereunana sok resep ngadon milu dahar balakécrakan.
Brak dahar teteg naker. Sangu timbel, sambel ledok, oséng waluh, goréng jaér, beuleum peda atawa naon wé saaya-aya. Lalabna mah sok ngundeur jaat atawa kacang panjang dina galengan sawah nu ngahaja dipelak ku Bapa.
Ni’matna balakécrakan di saung sawah bari ngararasakeun hiliwirna angin leutik kiwari tinggal panineungan.
Réngsé dahar tuluy mulang, ari Bapa mah biasana sok tuluy ka kebon néangan alaeun, Ema léos ka saung lisung nutu paré atawa migawé pagawéan séjénna.
Bada salat Lohor, Ema geus kudu tatahar deui di dapur, ngahaneutkeun sangu jeung ngadamel deui asakan pikeun dahar burit. Biasana dituangna téh bada Asar. Tah kitu kabiasaan di lembur mah.
Pedaran di luhur ngahaja hayang ngébréhkeun pola dahar urang lembur, béhna mah geuning béda jeung pola dahar urang kota. Di kota mah aya “sarapan pagi”, dahar sakumaha ilaharna sarapan kira-kira tabuh 6 atawa jam 7 isuk-isuk, tuluy “makan siang” bada Lohor, “makan malam” bada Magrib. Ari di lembur mah isuk-isuk mumuluk saaya-aya, minangka daharna téh wanci pecat sawed, engké dahar deui bada Asar. Ngan sakitu, tara ieuh aya acara “makan malam” siga di kota.
Sabada dititénan, geuning kiwari loba urang kota anu geus tara ngahajakeun “makan malam” pajar manéh ambéh séhat cenah. Beu, palangsiang pola dahar urang lembur boa leuwih séhat!
Cag ah!
sae pisan kango aoseun barudak jaman ayeuna anu meh teu apal kana kahirupan patani anu sabenerna ku sabab sawah anu baheula mah aya di kota ayeuna geus kalindih ku wangunan anu saligrong,sangkan apal kana kahirupan urang lembur
duh..jadi inget waktos kapungkur..da geuning ayeuna mah sesah hoyong kawas kitu teh,,sok inget basa sok mimilu bapa kasawah..