BEURANG peuting santri ngaji jeung ngaji. Saré kurang da sapeupeuting kudu nyileuk. Tapi da geus jadi kabiasaan santri di kobong. Di henteu-henteu oge, umumna santri-santri bisa neuleuman hirup di Pasantrén kalawan sukabungah. Beuki lila beuki betah, najan kaayaan di Pasantrén saayana.
Eta kabéh alatan papada santri ngarasa silih miboga. Ngarasakeun pait jeung peurihna hirup di Pasantren. Musabah, bakat ku betah téa sok poho kana umur anu terus nambahan. Antukna, sok aya kasebutna, jadi kacapangan santri-santri: “SANLOT” alias Santri Kolot.
Kabiasaan santri beresna ti Pasantren téh ku kawin. Ngan ari néang pipamajikaneun téa, teu sagawayah. Komo santri ngan sakadar boga kawani wungkul anu akhirna loba santri umur geus kolot, kawin geus hayang, tapi kaboga can aya (teu boga harta, harti, jeung nu pastina mah Hartati, pi pamajikaneun téa). Teu ngabibisani, antukna loba santri nu sok loba ngahuleng.
(Arif /Jurnal Santri Indonesia)
kataji abi mah ku para santri teh…katingal ku simkuring hasilna nu kantos nuang elmu ti pasantren teh sok aya bentenna, sareng nu basajan..sip lah…hidup santri…ulah cape milari elmu..
leres pisan neng ‘nci, aranjeunna nu janten tetengger ngariksa lilinggeran…
Pami tiasa mah di pasantren oge kedah diajarkeun elmu cara milarian harta anu manfaat jeung halal, pami tiasa oge sareng praktekna ulah teorina wungkul, …tah pami tos kitu mah dijamin moal aya santri kolot telat kawin, sabab hartina geus luhung, hartana geus nyampak, oge Insya Alloh Hartatina geus ngadagoan…he..he..