Taun 2008, FDBS X kacatet dina rekor MURI mangrupi festival drama panglamina, jurina oge (Rahman Sabur, Godi Suwarna, Ayi Kurnia Iskandar) kedah ngajogo 20 dinten noron maparin pangajen ka 74 grup. Dina sadintenna, rata-rata opat grup anu minton. Taun ieu, hayu urang ngabucatkeun deui eta rekor. Sakaligus ngaronjatkeun ajen-inajen, seni drama Sunda hususna, seni-budaya Sunda dina umumna.
Soal kirangna apresiasi ti pamarentah kana ieu kagiatan, teu kedah janten alit manah. Saur Sdrk. Iip Yahya tea mah, taya lepatna upami urang ngayakeun gerakan sapertos “Koin untuk Prita” kanggo lungsur-langsarna FDBS. Urang Sunda ge bisa jeung mampuh. Ngan kumaha carana? Eta anu kedah diemutan ku sadayana teh. Naha namina “Gerakan Sarebu Budaya Sunda” atanapi naon? Asal ulah gerakan sarebuligir we nya? Mangga, teu langkung carana mah.