Malem Jumaah, di kampung-kampung di Tasik masih kénéh sok dieusian ku acara déba atawa maca barjanzi. Katelah ogé marhabaan. Biasana di masjid atawa di imah-imah nu sok dipaké tempat diajar ngaji barudak. Di béh kota mah asana geus arang katémbong. Nu pirajeunan sok kadéngé téh mun geus tabuh 9 peuting, réa masarakat nu sok nyetél RSPD, radio milik pémda nu saban malem jumaah nyiarkeun acara marhabaan, salila 2 jam.Di antara radio komérsial nu jumlahna aya kana 20-na (di Tasik wungkul), acara Marhabaan nu disiarkeun langsung ku RSPD téh bisa disebutkeun acara nu ‘rada mahiwal’, nu teu payu ka sponsor, jeung pamiarsana kawatesanan keur nu resep jeung osok marhabaan. Najan kitu, ieu acara téh geus lumangsung kurang leuwih 25 taun, tur teu kungsi eureun. Kitu ceuk Pupud Saripudin, salah saurang karyawan RSPD nu geus digawé jadi operator jeung penyiar salila 20 taun di ieu radio.
“Pamiarsana téh réréana ti kelompok pangajian jeung nu sok biasa saliaran dina éta acara,” ceuk Pupud basa ditepungan di RSPD, Jl. Dadaha No. 17, Tasik. Tiap grup nu siaran biasana aya kana 15 – 20 urangna, boh awéwé boh lalaki. Ti umur 20 taunan tepi ka 60-an. Réa nu datang bari saged disaragam mun rék siaran téh, padahal mah siaran di radio, teu katémbong ku pamiarsa, cenah bari seuri.
Nu sok biasa ngeusian acara Marhabaan téh réana 90 grup, ti DKM-DKM di kabupatén jeung kota Tasik. Éta téh nu kacatét di pangurus Keluarga Besar Marhabaan (KBM) RSPD Tasikmalaya, beungkeutan grup marhaba nu biasa siaran di ieu radio. Tangtu wé, teu kabéh kabagéan siaran dina sataunna téh. Da paling ukur 50 grup nu kabagéan téh, atawa saluyu jeung jumlah malem jumaah dina sataun.
“Biasana nyusun jadwal téh bari musawarah kanggo nangtoskeun pangurus. Jadwalna disusun satauneun,” ceuk Ohan Samsudin, nu geus tilu kali kapeto jadi pupuhu KBM. Sanggeus jadwal disusun bisa katémbong, iraha-irahana hiji grup kabagéan siaranana. Aya nu kudu nungguan tepi ka sataun rék siaran téh.
Ari sésana kumaha? Ceuk Ohan éta mah asup daptar cadangan. Jadi mun aya grup nu teu bisa datang siaran, dieusian ku grup cadangan téa. Kungsi éta gé cenah dina saminggu téh acara marhabaan didua kalikeun. Malem Jumaah jeung malem Salasa. Tapi kulantaran asa jadi mindeng teuing, jeung keur ngagéhan acara lianna, balik deui jadi saminggu sakali.
Nu pangréana grup marhaba téh ti kabupatén. Pangjauhna ti Taraju jeung Bojonggambir. Datang ka studio sok ngaborong mobil, sakapeung sok jeung budak-budakna dibarawa, sakalian jalan-jalan. Teu laléngoh deuih, sok bari narimbel. Mun réngsé siaran téh brak dalahar di Studio II, tempatna siaran.
Hj. Enung, pingpinan grup Al Musyawaroh ti Cibeureum nu kabeneran bagéan siaran basa nu nulis ka RSPD, nétélakeun yén acara ieu téh, saeutikna geus milu mageuhan tradisi marhabaan di masyarakat.
“Sarengna deuih, ku ayana acara ieu téh, janten nambihan kawargian,” pokna. Maksudna jadi réa baraya, utamana jeung papada grup séjén nu sok tepung dina acara musawarah KBM atawa dina halal bihalal. Manéhna sorangan tiap malem Jumaah téh sok manco di 97,8 Mhz, frékwénsi RSPD, ngaregepkeun grup batur nu siaran.
Ieu acara, ceuk Drs. Wawan G.P., kepala RSPD Tasik, bakal tetep dipertahankeun najan udagan RSPD ayeuna geus kana bisnis da tiap taun kudu setor PAD ka pemda.
“Sanaos taya iklanan, tapi moal diicalkeun, da misina syiar Islam,” cenah. Malah ku ayana ieu acara, RSPD nu kiwari umurna geus 38 taun téh jadi boga pamiarsa anu husus jeung satia, da acara marhaba mah ukur aya di ieu radio, pokna. Béda jeung nu resep kana acara lalaguan, nu bisa nyetél radio mana waé.
Tiap siaran, runtuyan acarana téh akur. Mimiti bubuka, ku pingpinan grup marhaba, disambung ku nadoman nu eusina téh ngenalkeun grup, ti mana jeung saha-saha waé nu rék maca barjanzina. Terus ngaji kur’an, dipungkas ku maca barjanzi jeung ngado’a. Teu kabéh dibaca barjanzina téh, ukur sababaraha rowi, da waktuna ukur dua jam téa. Sakapeung sok aya grup nu ngalengkepan acara ku da’wah. Mertélakeun eusi barjanzi, nu nyaritakeun dibabarkeunana kangjeng Nabi Muhammad Saw.
Mun keur saliaran téh sok direumbeuy deuih ku ‘kirim-kirim’ ka grup séjén atawa ka batur salemburna. Malah kungsi kadéngé salah saurang nu rék nadoman, nyelang heula nyarita kana mik, “Ka Imas di imah kadé mihapé budak, ema ké mulangna tabuh satengah duawelas,” cenah. Éstuning polos pisan. Tapi nya ku polosna éta, ieu acara jadi hirup, salsé jeung ‘merakyat’. (Nazaruddin Azhar)***
Ditulis taun 2005.