SANGGEUS dirugal-rigel, singhoreng waragad pikeun ngagelar Ujian Nasional (UN) taun 2009, ngarengkol 572 miliar. Wincikanana, 376 miliar diancokeun jang Ujian Akhir Nasional jeung UASBN 2009. Katambah ku 196 miliar jang Ujian Paket A, B, jeung C.
Geuning lain waragad nu meumeueusan. Rohaka. Rek teu kitu kumaha atuh, da sakuliah wewengkon nu aya di Indonesia, kudu kakemot ku UN teh. Boh nu di kota boh nu di lembur singkur. Teu diwiji-wiji. Apan, nu sapopena icikibung di dunya atikan mah teu sirikna tisusut tidungdung, sangkan UN gumelar kalawan mulus rahayu.
Najan dina emprona sok aya wae perkara nu ngarurujit. Upamana wae, konci jawaban geus sumebar samemeh prung. Nu katohyan teu saeutik. Lebar temen mun ku urang disusul tepus, dipatalikeun jeung sabaraha waragad nu dikaluarkeun pikeun ngagelar ieu hajat.
Keun wae saheulaanan, ieu sual mah urang teundeun di handeuleum sieum. Nu kararieu mah anggap wae jadi samara. Da geuning geus teu bisa dihulag, unggal taun oge, aya wae sakola nu ngalanggan konci jawaban mah.
Sugan, sanggeus Mahkamah Agung (MA) ngabolaykeun UN mah copelna bisa ngurangan nu kararieu teh. Najan, teu teu kudu diandelkeun teuing oge. Teu ngabibisani apan jalma mah keuna ku owah gingsir tea.
Loba nu panuju, UN dieureunkeun teh. Dumeh salila ieu dianggap nyakompetdaunkeun pangaweruh siswa nu baris diuji. Henteu dipanta-panta diluyukeun jeung kaayaan sakola-sakola di unggal wewengkon. Boh nu di kota, boh nu di lembur, prah disaruakeun.
Padahal lamun nilik kana kaayaan sakola-sakola nu sumebar di sakuliah Indonesia, kaayaanana teu sarua. Tangtuna oge nu di dayeuh mah teu kudu hariwang, da sagala nyampak tea. Apan anu di daerah mah loba keneh nu seuseut seuat. Sarwa walurat.
Munasabah basa MA nembrakkeun putusan UN dieureunkeun, urang lembur mah umumna cop wae sapuk. Batan waragad anu 572 miliar taun kamari direngkolkeun deui keur ngawaragadan UN 2010, asana teh mending dibagikeun wae ka sakola-sakola nu walurat. Sina papak jeung nu di dayeuh.***