WADITRA Karinding singhoréng gumelar alatan cinta. Cenah jaman baheula, aya hiji pamuda. Kalamanda ngaranna. Manéhna kapincut ku wanoja turunan ménak, Raden Sekarwati. Apan baheula mah nu ngaranna rumaja putri teh teu bebas kawas kiwari. Komo deui nincak ka ménak. Ku kolotna baris dipingit. Hésé pisan rék ka luar imah téh.Kalamanda guligah. Geus lila manehna neundeun haté kadua leutik ka Sekarwati. Antukna kapikiran, nyieun hiji pakakas sangkan manéhna bisa nembrakkeun eusi haténa ka Sekarwati. Tina kawung, Kalamanda nyieun waditra, nu nepi ka kiwari disebut Karinding téa.
Sorana halimpu. Nepi ka Sekarwati ogé léah haténa. Antukna apan kacaritakeun Kalamanda jeung Radén Sekarwati téh jatukrami. Cenah mah, Kalamanda méré ngaran kana éta waditra téh alatan kataji ku sato sawah, kakarindingan. Sekarwati ogé resepeun pisan kana éta sato téh. Najan, éta sato téh kiwari mah geus ka mana boa.