
ku Herman Saputra Réngsé salat Subuh biasana Ema langsung kaprak-keprek di dapur, mirun seuneu, naheur cai keur ninyuh cikopi jeung ngeusian téko, popolah nyieun lalawuh saaya-aya keur mumuluk isuk-isuk. Teu lila kulutrak Bapa muka panto mulih ti masigit, gék calik di tepas. Cikopi sacangkir sareng seupan sampeu gura-giru dibakian disodorkeun ku Ema kana méja Bapa. [...]
Januari 19, 2010 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

Geus paheut ti kamari kénéh, poé Saptu (9/1) téh rék aya riungan jeung papada sobat LISES Unpad nu kungsi aktif di awal taun 90-an. Tempatna di Kopi Progo di Jalan Progo, pabeubeurang wanci haneut sayur. Iber mimiti mah katampa ti lanceuk angkatan, Téh Nita Hérjantini (Angkatan 88, Lingga Buana) ngaliwatan fb. Ti dinya terus ditépakeun [...]
Januari 11, 2010 | Dikirim kana
Iber Salalar |
Tuluyna »

Carpon Kuswan “Kang, Nyai asa hayang dahar jeung coél leunca wungkul. Bosen dahar jeung daging baé.” “Ah, naha kahayang téh bet anéh? Batur mah hayang dahar téh jeung daging, bosen jeung coél leunca terus.” Prawira gagaro teu ateul ngadéngé kahayang pamajikanna. “Gugu wé atuh! Adatna nu hamil muda mah, keur ngidam éta téh. Pamali mun [...]
Januari 6, 2010 | Dikirim kana
Carpon |
Tuluyna »

Di gulampéng Pasir Mukti, karinding kapireng deui sora nu mentang dangiang, ti landeuheun Citamiang ditabeuh ku haté nu nyidem tineung keur nu leuseuh balas nanjak mapay jalan kahirupan Ngaranna Mang Oyon Noraharjo, genep puluh lima taun di buruan imahna inyana ngadongéng na lahunan karinding ngagolér kénéh na rénghapna nu katangen kaguligah
Januari 2, 2010 | Dikirim kana
Iber Salalar |
Tuluyna »

BEURANG peuting santri ngaji jeung ngaji. Saré kurang da sapeupeuting kudu nyileuk. Tapi da geus jadi kabiasaan santri di kobong. Di henteu-henteu oge, umumna santri-santri bisa neuleuman hirup di Pasantrén kalawan sukabungah. Beuki lila beuki betah, najan kaayaan di Pasantrén saayana. Eta kabéh alatan papada santri ngarasa silih miboga. Ngarasakeun pait jeung peurihna hirup di [...]
Januari 2, 2010 | Dikirim kana
Kobong Santri |
Tuluyna »