Pacéntal-céntal

AYA budak duaan, saurang urang Ciawi saurang deui urang Singaparna. Eta budak téh keur pacéntal-céntal ngeunaan kaluhungan kotana séwang-séwangan.
Oto Iskandar di NATA “Nyongcolang ngokolakeun Pagoeyoeban Pasoendan...”

AYA budak duaan, saurang urang Ciawi saurang deui urang Singaparna. Eta budak téh keur pacéntal-céntal ngeunaan kaluhungan kotana séwang-séwangan.

KONDISI jalan di Kabupatén Tasik jeung Garut loba nu ruksak. Tina 1.304,7 km jalan di wilayah Kabupatén Tasikmalaya ngan 211,60 km nu kondisina hadé.

RANO Karno katémbong layeut jeung Dicky Chandra. Munasabah, lian ti sohor jadi artis, kiwari duanana sarua jadi wakil bupati.

PUPUHU Paguyuban Pangarang Sastra Sunda, Etti RS, kaasup salahsaurang ti 16 wanoja nu kasinugrahan, Honorary Police atawa Polisi Kehormatan ti Kapolwil Priangan, Kombes Pol Anton

”SI Akang Hén téh geuning telenges. Teu sangka,” cék Téni (43). Manéhna téga nelasan anak téréna, Agus Sutiaman (10). Beuheungna ditigas ku kampak.

DEUKEUT jambatan aya imah kosong. Buruanana teu kaurus. Bubuhan sisi jalan, najan kosong ogé katémbongna mah agréng. Katurug-turug deuih deukeut jeung terminal bayangan. Malah mah geus jadi base-camp supir jeung kendék di dinya téh. Sakapeung tukang ojég ogé pirajeunan ngulampreng ka dinya. Sisi buruan pangkalérna rada néros, sarta ngelok ka jero. Najan kitu, angger baé [...]

DI hiji panti jompo, aya aki-aki tiluan keur guntreng ngobrol. “Kuring mah, dina umur geus ampir 85 taun, asa beuki pohoan. Geura baé upama naék tangga, waktu geus tepi ka tengah téh sok bingung, naha ieu téh rék naék atawa rék turun?” ceuk aki-aki kahiji.

REBUN-REBUN, Panitia Pemungutan Suara di unggal Tempat Pemungutan Suara (TPS) geus saged. Tayohna ti kamari nepi ka wanci carangcang tihang ogé, aya patugas…

PEMILU Législatif 2009 isuk lumangsung. Bandéra-bandéra partai nu rupa-rupa warna jeung ngaran-ngaranna ogé hésé diapalkeun, rantay dipasang di sisi jalan. Kantor-kantor partéy ngadadak rajeg di mana-mana. Kagiatan milih calon wakil rahayat téh ti ayeuna ogé geus beuki harénghéng. Saméméhna partéy-partéy geus ngadaptarkeun jalma-jalma nu ceuk maranéhna “figur terbaik” ka KPU.

Hiliwir angin sumelendep Di sela tajug jeung dapuran awi Di kajauhan, pasir-pasir sumujud ka anjeun Tatangkalanana menekung napsiran dikir manuk-manuk Saleunjeur walungan meulah pasawahan