Oto Iskandar di NATA “Nyongcolang ngokolakeun Pagoeyoeban Pasoendan...”

Arsip ‘Maret, 2009’

Sadayana Hurung

Sadayana Hurung

PEMBANTU anyar dititah meuli korek api ku dununganana. “Kade sing taliti nya, meuli korekna anu alus, ulah anu teu hurung,” ceuk dununganana mapagahan.

Cuaca

Cuaca

CUACA kiwari karasana asa beuki teu pararuguh jeung teu bisa dikira-kira. Mun pareng panas, karasana panas pisan, matak teu genah karasana. Éta deuih mun seug pareng hujan, sok jiga nu tamplok. Antukna banjir di mana-mana, ampir unggal kota jeung daerah dikepung banjir. Nu paling anyar pisan mah nyaéta jebolna tanggul Situ Gintung anu ngabalukarkeun gemprahna [...]

Cangkilung

Cangkilung

1 Di buruan imah Sutawangsa. Eta imah nu tembong aya lotengan teh mangrupa wangunan heubeul nu tembokna geus karadak jeung sawareh lukutan. Hareupeun imah Sutawangsa aya tihang bandera.

Sajak-sajak Anggie Sri Mulyati

Sajak-sajak Anggie Sri Mulyati

Nini Anteh Na bubuleud purnama nu ngempur di beh wetan Katenjo nini anteh keur nyiaran ucingna Teu keueungeun nini anteh mah cicing di bulan Sakitu lilana

Catang Ruyung: Sajak Sayudi

Catang Ruyung: Sajak Sayudi

Kariaan Hiji sobat kariaan manehna Cina bolongkotan Uleman daratang walimahna geus pungkas pribumi anu someah ngahaturanan tuang ka semah

Cigintung Ngalanglayung

Cigintung Ngalanglayung

HUJAN ngageyer sapoé saméméh dam Situ Cigintung rempag. Munasabah upama cai ngagulidag téh. Tengah peuting, saenyana mah geus katohyan aya nu beulah meueusan.

Parawan Kénéh

Parawan Kénéh

“ABDI mah najan geus ngajaran tilu kali kawin gé, alhamdulillah bobogaan téh masih kénéh . . . weuteuh,” ceuk hiji awéwé nyarita ka babaturanana.

Sajak-sajak Irvan Mulyadie

Sajak-sajak Irvan Mulyadie

Sajak Buku, Pulpen, Hurup-hurup, Jadi kecap, Jadi kalimah Jadi catetan, angka- Angka milu nyaksi sajarah dunya Ditulis! Ku kesang jeung mangsi getih Tuluy sajak ngamalirkeun herang cimata Ka muara-muara du’a Kaangseu dosa baheula Nu ngabugang dina mangsa 2003

PBB: Asia Hara-haraeun

PBB: Asia Hara-haraeun

WAKIL Sékjén Perserikatan Bangsa-bangsa (PBB), Noeleen Heyzer nembrakkeun, Asia-Pasifik kaasup wewengkon nu hara-haraeun

Sajak-sajak Unang Sumarna R

Sajak-sajak Unang Sumarna R

Sajak Agustus Hiji waktu Lamun dunya geus teu muter dina sumbuna Kukupu gé teu wasa hiber ku jangjangna Jeung tatangkalan maujud kapas

Lebet log | WpAdvanced NewsPaper | Pakutan-kutan pageuning-geuning. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan | GabfireThemes © ALL RIGHTS RESERVED