Rawayan

Kampung Bungkil..
Kampung bungkil mangrupakeun salah sahiji lembur nu aya di jl.leuwidahu kelurahan nagarasari kecamatan cipedes kota tasikmalaya. kampung bungkil teh diwangun ku 3 RT nyaeta RT 1, R2, jeung RT 3.

Kampung bungkil ge kalebet RW nu pangbungsuna nyaeta RW 18 ti kecamatan cipedes tea anu saur sesepuh nu aya di kampung bungkil. sesepuh ti ti kampung bungkil masihan pangarti yen kampung bungkil teh kampungkurna rahayatna seueur nu usaha kana pabrik oncom.

salian ti eta ge, kapungkurna aya pabrik sukro. Mung  panginten gara-gara saatos harga naraek, pabrik-pabrik nu aya di lembur bungkil tarutup.

Sanajan kitu kampung bungkil masih katelah ku sukro sareng oncomna.

Sabenerna mah Bungkil kana oncom teh jauh pisan pangaitna, tapi duka kumaha eta lembur nu seueur pabrik oncom dinamian Kampung Bungkil. Sanajan simkuring nanya ge teu aya nu ngartoseun  naon arti bungkil teh. Panginten istilah Bungkil teh dicandak tina Nami oncom, apan kapungkurna teh di kampung bungkil seueur pabrik oncom sareng sukro. Numana, oncom sareng sukro dijieunna tina kakacangan, khusuna kacang kedele.

Simkuring nyimpulkeun mun Bungkil teh Oncom Atanapi Kacang..

Workshop Budaya Sunda Sa-Jawa Barat
TASIK, Rawayan

Pikeun ngawewegan kaparigelan guru Basa Sunda, Dinas Pendidikan Kota/Kabupaten Tasikmalaya gawe bareng jeung FKIP Unsil ngagelar “Workshop Budaya Sunda sa-Jawa Barat”. Ieu gempungan guru Basa Sunda SD, SMP, SMA, SMK teh lumangsung di Gedung Rektorat Unsil, Salasa (22/6).

Nu jadi panyatur dina ieu workshop di antarana Ketua Balai Pendidikan Bahasa Daerah (BPBD), H. Husein Rahadian Hasan, Dekan FKIP Universitas Siliwangi, Prof. H. Yus Darusman, M.Si. Drc. Undang Ahmad Darsa, M. Hum, Drc. Yayat Sudaryat, M. Hum, Dr. Elis Suryani, M.Hum, jeung sastrawan Sunda, Nazaruddin Azhar.

Acara dibuka ku PR IV, Dr. Endang Surahman, dipapag Asda II Kota Tasikmalaya, Edi Sumardi, M.Ed.

Épong Atikah Rostiana, Béngkong Wanoja ti Tanjungsari
Ku: Tedi Permadi

Duméh kacaritakeun di lebah terminal angkutan kota Kecamatan Tanjungsari, Kabupatén Sumedang, aya béngkong wanoja nu pada ngadeugdeug ti mana-mana, boh ti nu deukeutna boh ti nu jauhna, Kuring ngahajakeun ngulampreng ka lebah dinya.

Alatan teu apal di mana perenahna, nya mapaykeun ka warung sangu nu aya di sabudeureun terminal. Enya waé, ngaran Bu Épong téh geus teu bireuk deui, da saha-saha nu aya di dinya pada nunjukkeun ka lebah Gang Masjid nu paeunteung-eunteung jeung pom bensin.

Barang anjog ka bumina nu liuh ku tutuwuhan tur matak pikabetaheun, bengkong nu boga ngaran Épong Atikah Rostiana (42 thn), ngahiap kuring bari nyuguhan tur ngajak ngobrol sabudeureun pangabisana dina marajian.

Nyunatan ti saprak SD

“Aduh hilap deui nya, da saleresna mah nuju kelas 5 SD oge tos jalan kana nyepitan téh, harita kinten yuswa 11 taun, namung masih kénéh disarengan ku pun bapa. Ari nyepitan nyalira mah saparantosna abdi nincak SMP nuju taun 1970an, da harita dina sadinten téh sok aya kana 10 dugi ka 15 urang nu disepitan tur tempatna ogé patebih, nya abdi ka kalér pun bapa ka kidul” kitu jawaban Épong basa ditanya ti mimiti iraha bisa nyunatan téh.

“Ari nu jadi sarat pikeun jadi bengkong mah nya kudu luas waé, teu aya nu sanésna. Atuh nuju abdi ngawitan diajarna mah, nya ningalikeun waé waktos ngingiring ka pun bapa upami aya nu nyepitan, da ti putra-putrana nu sapuluh téh, nu sok dicacandak mah mung abdi wungkul. Harita, nuju ngawitan mah, abdi mung nyepengan murangkalih nu badé disepitan sareng ngasong-ngasongkeun alat, sapertos babango, tanduk, sareng péso tikel nu diperyogikeun ku pun bapa” ceuk Épong nerangkeun deui.

Sanggeus dipercaya ku bapana kalayan meunang peupeujeuh sangkan ulah ngahargakeun jeung pipilih jalma, Épong mimiti lalampahan nyunatan sosoranganan; nu deukeutna di daérah Genténg, Pasanggrahan, jeung Sumedang, atuh nu jauhna ka daérah Tasikmalaya, Sindanglama, jeung Bantarujeg.

Ari dina prakna nyunatan, Épong bisa diangkir ka tempat nu boga hajat atawa nu boga hajat ngahajakeun datang ka Tanjungsari, malah aya ogé nu mondok nepi ka walagri deui. Nurutkeun pangalaman Épong, umur budak sunat nu merenah mah ulah kagok, upama orok, nya sakira umur dua bulan atawa tacan nangkuban, upama budak leutik ulah nu keur meujeuhna kembang buruan, atuh upama geus sawawa, nya moal susah deui kana ngurusna.

Dina lebah nyunatan, Épong éstu digawé ukur ngan manéhna sorangan kalayan taya asistén atawa pembantu. Kitu deui dina sababaraha kali kagiatan sunatan massal nu kungsi diiluan ku Épong, boh nu di Bandung, Kadungora Garut, atawa Sumedang. Épong kakara ngarasa perlu aya nu mantuan mun aya nu ngadon nyunatan di imahna, nya éta lebah ngurus budak sunat nepi ka walagri anu karepna sok diladenan ku adina. Upama diangkir ka nu jauh, Épong kakara merlukeun dibarengan ku salakina.

Ti saprak mimiti nyunatan tug nepi ka ayeuna, Épong nerangkeun yén geus aya kana duapuluh rebuna nu disunatan ku manéhna, malah baréto mah sok rajeun ditulis ngaran-ngaran budak sunat téh. Ngan kabehdieunakeun, tara pirajeuneun alatan ku sibuk téa.

Budak Sunat Sawawa

Siga béngkong atawa paraji sunat lianna, Épong ogé tangtuna kungsi nyunatan budak sunat nu umurna geus sawawa, “Malah lain ngan saukur sakali dua kali, aya kana ratusna mun dicatetkeun mah” ceuk Épong mairan.

Ari budak sunat nu geus sawawa mah, biasana sok ngahajakeun ngadon ka Tanjungsari malah nepi ka mondokna sagala, aya nu ngan tilu poé, aya ogé nu nepi ka saminggu. Ngan Épong nambahkeun, tacan kungsi kapaluruh naon anu jadi marga lantaranana loba budak sunat nu sawawa apaleun ka manéhna. Ngan nu pasti mah, budak sunat nu geus sawawa téa, lolobana mah urang non-muslim nu arék asup kana agama Islam atawa turunan etnis Cina jeung non-muslim nu kudu disunatan lantaran keuna ku alesan kasehatan. Jeung deui, lolobana nu daratang téh ti nu jauhna, saperti Bandung, Bogor, Sukabumi, Jakarta, malah mah ti Surabaya ogé kungsi aya nu datang.

Dina nyunatan nu geus sawawa, Épong nyebutkeun yén manéhna teu ngarasa ragab ku itu ku ieu sarta taya bédana jeung nyunatan budak leutik. “Dalah nu umurna geus sawawa ogé ari dina prakna mah siga budak leutik waé satungtung tacan cageur mah, taya kaéra deuih. Atuh upama aya nu hayang nyahoeun kana bobogaanana, si budak sunat téh teu kireum-kireum sok rajeun mukakeun sarungna ku sorangan” ceuk Épong deui.

Ngan leuwihna dina nyunatan nu geus sawawa, nya éta ngantengna tali duduluran tur manjang nepi ka ayeuna. Malah Épong mah nyebutkeun “Resepna janten paraji sunat téh, Alhamdulillah janten seueur baraya, contona waé, upama mareng kana lebaran téh sok aya waé nu barangkirim”

Épong Jeung Dokter

Dina biaya nyunatan atawa ipekah nu katampa, lebah Épong kacida béda pisan jeung prakték dokter nu matok harga pikeun sakali sunat, jeung deui pikeun Épong mah nu ngaranna ipekah téh tara diwatesanan tur sagemblengna disérénkeun kana kasanggupan nu boga hajat. “Ti payun dugi ka ayeuna ogé abdi mah tara mangaoskeun, ah sapadipasihanna waé, ageungna aya nu masihan saratus rébu atuh dina alitna nya aya nu lima puluh rébu, malih mah aya anu kirang, ditampi wé da abdi mah henteu mangaoskeun” kitu ceunah.

Atuh dina mangsa kiwari ku lobana dokter nu muka prakték sunat di mana-mana, budak leutik nu disunatan ku Épong mingkin saeutik waé, komo dina bulan Sapar mah taya pisan saurang-urang oge. Atuh dina bulan-bulan sejenna paling loba nepi ka sapuluh urang.

Basa ditanyakeun naha aya karep pikeun nurunkeun pangabisana ka barudak ngora, Épong ngarasa wegah, pokna téh “Henteu ari maksad ngalungsurkeun mah, margina moal katurutan sareng karunya waé ku capéna, komo murangkalih ayeuna mah bénten sareng anu kapungkur, sok babari barosénan!”***

Hadiah Sastra Rancagé 2010
Alhamdulilah taun ieu pikeun ka-22 kalina Hadiah Sastra “Rancagé” dihaturkeun pikeun sastra Sunda, nu ka-17 kalina pikeun sastra Jawa, nu ka-14 kalina pikeun sastra Bali sarta nu kadua kalina pikeun sastra Lampung. Pikeun sastra Sunda jeung Bali dihaturkeun  saban taun henteu aya copongna. Pikeun sastra Jawa kungsi hadiah pikeun karya henteu dihaturkeun dina taun 1995 sabab dina taun 1994 henteu aya buku sastra Jawa anu medal. Ari pikeun sastra Lampung sabada dihaturkeun sakali (2008) taun sabadana henteu dihaturkeun sabab henteu aya karya sastra nu medal dina basa Lampung dina taun saméméhna. Cara nu geus kauninga, hadiah pikeun karya dihaturkeun ka sastrawan anu medalkeun buku pinunjul dina taun saméméhna.

Dina taun 2010, Hadiah Sastra “Rancagé” insya Allah baris dihaturkeun ka para sastrawan nu narulis dina basa Sunda, Jawa, Bali jeung Lampung. Sanajan masih mangrupa kalangenan, pamedalan buku basa Sunda, Jawa jeung Bali unggal taun gé aya baé, boh karya anyar boh karya heubeul anu dicitak deui. Ayana buku anu dicitak deui téh jadi  tanda yén éta buku payu, dibareuli. Hanjakal dina kasus basa Sunda, buku anu dicitakan deui téh pangpangna buku wedalan saméméh perang. Hal éta nuduhkeun yén nu maraca buku basa Sunda réréana  jalma heubeul anu hayangeun maca deui buku nu ku manéhna kungsi dibaca basa keur ngora. Tapi ku kitu téh buku-buku heubeul gé jadi dibaraca  ku nu ngarora. Hartina nu ngarora gé jadi boga kasempetan pikeun mikawanoh buku-buku anu medal saméméh manéhna dijurukeun sarta ku kituna  maranéhanana bisa nuturkeun kamekaran sastra dina basa indungna.

Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun sastra Sunda

Dina taun 2009, buku basa Sunda anu medal, boh asli boh terjemahan, boh anyar boh citakan mindo, kabéhna aya 30 judul, kaasup 4 judul buku bacaan barudak. Tapi buku anyar mah ngan 13 judul tur nu lain terjemahan atawa  kumpulan babarengan mah ngan 4 judul. Citakan mindo aya nu asli (Pangéran Kornél karya R. Méméd Sastrahadiprawira; Perang Bubat, Pamanah Rasa, Putri Subanglarang jeung Prabu Anom Jayadéwata karya Yoséph Iskandar; Ménak Baheula karya Caraka, Kalepatan Putra Dosana Ibu-rama karangan Joehana, Wawacan Panji Wulung beunang Moh. Moesa; Rasiah Geulang Rantay beunang Nanie Sudarma; Onom jeung Rawa Lakbok karya R.. A. Danudibrata jeung Ngalanglang Kasusastran Sunda beunang Ajip Rosidi), aya nu terjemahan (Pependeman Nabi Sulaéman beunang Moh. Ambri). Kitu deui buku anyar, aya nu asli (Néléngnéngkung karya Wahyu Wibisana, Di Nagri Katumbiri beunang Dédy Windyagiri, Salawé Sesebitan Hariring karya Apung S.W., Sanggeus Umur Tunggang Gunung beunang H. Usép Romli H.M.; Sastra Sunda Pinilih kumpulan karya anu mareunang Hadiah Sastra LBSS taun 2006-2008; Sajak Sunda nu disusun ku Aan Merdéka Permana karya sapuluh panyajak; Carita Kriminal jeung Carita Mistéri karya Aan Merdéka Permana; Dangdanggula Sirna Rasa, Kinanti Kulu-kulu,  Sinom Barangtaning Rasa, Sinom Wawarian jeung Asmaranada nu Kami, limaanana guguritan H. Hasan Mustapa anu diusahakeun ku Ajip Rosidi) jeung aya terjemahan  deuih (Al Hikmah terjemahan Qur’an basa Sunda ku H. Marjati Sastrawijaya).

Dina Néléngnéngkung, Wahyu nyoba ngahirupkeun deui panineunganana keur leutik. Judulna dicokot tina lagu paranti nimang nu biasa dihariringkeun ku indung urang  Sunda. Ku sabab  lahir jeung jadi gedé di lembur, atuh anu dicaritakeunana ogé kahirupan lembur Sunda anu perenahna di suku gunung Galunggung, Tasikmalaya. Sanggeus sawawa, Wahyu kapaksa ninggalkeun lemburna ku sabab kudu jadi guru di sawatara tempat, tapi tungtungna matuh di Bandung, kota nu disebut dina lagu “Néléngnéngkung”. Sanajan manéhna ngusahakeun sangkan caritana jiga beunang budak, tapi dina umumna  leuwih némbongkeun imajinasina sanggeus jadi kolot (waktu nulis éta buku), upamana dina nyaritakeun bulan puasa.

Di Nagri Katumbiri téh kumpulan sajak jeung guguritan. Samémehna Dédy kungsi medalkeun kumpulan guguritan (nu munggaran dina basa Sunda), judulna Jamparing Hariring (1991) jeung kumpulan sajak Di Lembur Bulan Dikubur (1992), Dina sajak-sajakna, komo dina guguritanana mah, Dédy resepeun pisan ngulinkeun sora kekecapan mangrupa purwakanti.   Bisa jadi éta sababna réa jurutembang Cianjuran anu muji guguritanana da ngeunah ari ditembangkeun. Tapi purwakantina téh hanjakal ngan nepi ka ngoncrang sorana baé, henteu miboga bobot, da eusina mah ngan ulukutek sabudereun hubungan rasa antara lalaki jeung awéwé. Kitu deui sajak-sajak jeung guguritan anu dimuat dina Di Nagri Katumbiri, karasa ngambang dina kaulinan purwakanti.

Apung nyerat sabangsa mémoar nu patali jeung dunya Tembang Sunda, bubuhan anjeunna téh juru tembang Cianjuran anu kamashur tur sering nyeratkeun pamendakna — sagigireun nganggit guguritan tembangkeuneun téh. Guguritanana geus medal jadi buku, judulna Lagu Liwung Urang Bandung (2006). Ari dina Salawé Sesebitan Hariring dimuat 25 karangan nu mangrupa pamendak jeung pangalamanana jeroning aktif dina dunya Tembang Sunda. Carana nulis matak kataji tur lancar, eusina gé réa meré informasi anyar sarta nimbulkeun bahan pikiraneun pikeun singsaha baé anu miboga minat kana Tembang Sunda –  réa anu henteu kapikireun ku nu lian.

Sanggeus Umur Tunggang Gunung téh kumpulan carita pondok Usép Romli. Saméméhna Usép medalkeun Ceurik Santri (1985), Jiad Ajengan (1993) jeung Paguneman jeung Fir’aon (2006) tiluanana gé kumpulan carita. Usép gé nulis sajak deuih, dikumpulkeun jadi dua buku Sabelas Taun (1979) jeung Nu Lunta Jauh (1992). Ari roman anu ditulis ku Usép aya dua nyaéta Nganteurkeun (1986) jeung Béntang Pasantrén. Salian  ti éta Usép gé réa nulis carita bacaeun barudak boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia.

Aya salapan carita anu dimuat dina Sanggeus Umur Tunggang Gunung téh, umumna ngagambarkeun rupa-rupa masalah anu disanghareupan ku urang Sunda di pilemburan kiwari nu digurudug ku “pembangunan” nepi ka ku tokoh-tokoh anu geus “tunggang gunung” dibandingkeun jeung kaayaan waktu maranéhanana keur leutik basa pilemburan masih kénéh “weuteuh”. Lain ngan alam jeung lingkungan baé anu robah téh, tapi alam pikiran jeung kahirupan gé geus robah. Téma nu digarap dina kumpulan ieu saenyana henteu réa géséhna tina nu kungsi ditulis ku Usép dina karya-karyana anu ti heula, tapi ieu mah leuwih mateng jeung leuwih inovatif. Upamana caritana anu dijudulan “Néangan Pajaratan” téh apan carita anu ditepikeun ku jalma kahiji. Tapi ti mimiti nepi ka anggeus henteu aya hiji gé kecap “kuring” atawa sabangsana anu digunakeun. Usép ngamangpaatkeun sacara maksimal sipat basa Sunda anu bisa ngawangun kalimah tanpa subyék. Kikituan téh kungsi dilakukeun ku Moh. Ambri dina Numbuk di Sué (1932).

Nada dasar Islam anu jadi téma umum karya-karya Usép, dina sawatara carita dina Sanggeus Umur Tunggang Gunung gé aya tapi henteu katémbong sacara langsung. Dina “Lauk Cimanuk” upamana aya konflik dina batin jalma anu meunang lauk badag pisan hasil nguseup ti Cimanuk tapi kapaksa ninggalkeun salat sapoé jeput. Dina “Tawuran” digambarkeun kiai jeung ustad nu rék badami pikeun néangan jalan  ngungkulan masalah tawuran antar-lembur, malah kamalinaan ku sabab nyanghareupan tuangeun anu matak ponyo. Dina “Tower” digambarkeun kaiklas jalma nu nginjeumkeun duit simpenanana jang munggah haji ka tatangga nu leuwih perelueun sanajan henteu kaerong baris bisaeun mayar. Dina “Ahli Waris” turunan dukun sohor henteu neruskeun pagawéan warisan tuturunan karuhunna ku sabab ningal jaman geus robah henteu luyu deui pikeun ngadukun anu ngandelkeun kana peledugna haseup menyan. Tapi alona anu bisaeun nulungan jalma anu daratang ménta tulung ku jalan aktif di widang iklan dianggap nuluykeun lacak karuhun. Ari dina “Kasaktén Abah Suma”, Usép jiga anu ngonfirmasikeun kana ayana ma’unah nu dipaparinkeun ku Allah ka jalma anu dipilih ku anjeunna, nyaéta jalma anu enya-enya iklas sarta ngarasa enyaan henteu walakaya anging ku pangersa Anjeunna.

Kabéhanana gé dicaritakeun ku Usép kalawan lancar sacara wajar nepi ka jadi dunya imajinasi anu mandiri mangrupa karya sastra. Ku kituna buku anu kapilih pikeun narima Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun karya téh

Sanggeus Umur Tunggang Gunung

Karya H. Usép Romli H.M.

(wedalan Kiblat  Buku Utama, Bandung)

Ka H. Usép Roimli H.M. baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Ari anu kapilih pikeun narima Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 ku lantaran gedé jasana dina makayakeun basa Sunda ku tulisan-tulisan ngeunaan sosial-politik, nyaéta

Karno Kartadibrata

(lahir di Garut, 10 Fébruari, 1945)

Minangka redaktur (tuluyna Wakil Pamingpin Redaksi) majalah Manglé, unggal minggu Karno nuliskeun pamanggih-pamanggihna  ngeunaan situasi masarakat, pangpangna masarakat Sunda, ti taun 1977.  Karno ngajak nu macana pikeun ningal situasi di sakurilingna kalawan kritis sarta dihubungkeun jeung jaman nu geus kaliwat atawa jeung masarakat luareun masarakat Sunda. Karno geus ngabeungharan basa Sunda ku tulisan-tulisan nu sipatna sosial-politik nepi ka bisa jadi bukti yén basa Sunda téh lain ngan bisa digunakeun pikeun nulis sajak atawa carita pondok baé. Sanajan sakapeung aya nu malikan deui masalah anu kungsi dibahas, atawa jiga anu leungiteun tujuan, tapi nulis kalawan angger saban minggu jero puluhan  taun téh mangrupa préstasi nu lain leuleutikan.

Saméméh digawé di majalah Manglé, Karno aktif dina pérs basa Indonésia, antarana jadi wartawan sk. Harapan Rakyat, mingguan Mimbar Démokrasi, koréspondén Harian Kami, redaktur bulanan  Prima. Karno gé nulis sajak dina basa Indonésia, geus dibukukeun dina Lipstick (1981) jeung Parfum (1997). Karno kungsi jadi Sékertaris PP-SS (1979) jeung  angota Pangurus LBSS (1994—1998). Nya manéhna nu mokalan Pésta Sastra Sunda nu kungsi dilaksanakeun tilu taun noron.

Ka Karno Kartadibrata baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun jasa mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Hadiah sastra  “Rancagé” 2010 pikeun sastra Jawa

Dina taun 2009, buku sastra Jawa anu medal kabéhna 12 judul, aya kumpulan sajak (Gurit Panuwuning Urip karya David Hariyono, Gurit Abang Branang beunang Rachmat Djoko Pradopo, Layang Panantang beunang Sumono Andy Asmoro jeung Wong Agung: Gurit Punjul Rong Puluh beunang Budi Palopo), aya hiji kumpulan carita pondok (Tembang Wong Kangen beunang Sumono Andy  Asmoro) jeung aya roman deuih (Trétés Tintrim, Kunarpa Tan Bisa Kandha, Garuda Putih, Ser! Randha Cocak karya Suparto Brata; Mis, Koncoku Sinarawedi karya Rahmat Ali jeung Carang-carang Garing beunang Tiwiek AS).

Pamedalan  buku taun 2009 téh ngisarahkeun sawatara fénoména anu penting: (1) kabuktian anu nulis dina basa Jawa téh lain  ngan anu matuh di Jawa Tengah jeung Jawa Timur baé, tapi aya urang Jakarta nyaéta Rahmat Ali anu ngabaturan Dyah Hadaning nu matuh di Dépok. (2) Réréana buku medal di Yogyakarta sanajan aya nu medal di kota-kota lianna (Semarang, Surabaya, Malang). (3) Buku nu medal réréana beunang pangarang Jawa Timur: Suparto Brata (Surabaya, 4 judul), David Hariyono (Malang, 1 judul), Sumono Sandy Asmoro (Ponorogo, 2 judul). (4) Muncul karya nu munggaran dina basa Jawa beunang  dua pangarang nu geus réa nulis dina basa Indonésia, nyaéta Rachmat Djoko Pradopo jeung Rahmat Ali.

Hal éta nuduhkeun yén sastra Jawa henteu kudu dipikainggis punah da anu ngarojongna aya di mana-mana. Pangarang cara Suparto Brata produktip pisan, saban taun aya baé bukuna anu medal tur lain ngan sajudul sarta buku-bukuna nu mangrupa carita detéktif dipikaresep ku nu macana. Roman Rahmat Ali Mis, Kancaku Sinarawedi ngagambarkeun perwatek baturna anu keur leutik mah bandel, licik tapi gumbira sarta pikalomaeun anu béda pisan jeung kaayaanana sabada  kolot, geringan, miskin sarta ripuh. Digunakeunana dialék Jawa Timuran dina carita karasa ngaganggu nu maca dina enggoning neuleumanana.

Dina roman Carang-carang Garing, Tiwiek SA nyaritakeun tukang béca anu maéhan alona sangkan anakna sorangan anu matuh jeung adi beuteungna henteu kaganggu. Hanjakal caritana henteu fokus ku sabab timbul alur carita ngeunaan anakna anu kabur ti imah. Aya kesan ditulisna gurunggusuh.

Carita-carita pondok dina Tembangé Wong Kangen beunang Sumono Sandy Asmoro ditulis waktu nu ngarangna masih ngora, suasanana romantis tur ngagambarkeun kahirupan kaom muda anu masalah jeung pikiranana masih céték.

Maca opat kumpulan sajak nu medal taun 2009, timbul rupa-rupa hal anu matak resep. Dina Gurit Panuwuning Urip, panyajakna néangan wangunan éksprési pikeun unggal gagasanana. Upamana “Aku Iki” mangrupa usaha pamuda anu keur néangan jati dirina. Ngan dina milih imaji kuduna ku panyajak dipikiran kalawan wening. Wangunan éksprési anu paranjang sering taya gunana sabab kalah ka nyamarkeun ésénsi. Sanajan kitu aya sawatara sajak anu alus cara “Gurit Panuwuning Urip”, “Hanaa Sira”, “Isih kaya Biyén”, “Jiwamu” jeung “Wisa”.

Guritan Abang Branang téh karya panyajak basa Indonésia nu jadi gurubesar sastra di UGM deuih. Sajak-sajak anu dimuat dina kumpulan ieu, ditulis ti taun 1960 nepi ka 2008. Kalawan ngagunakeun gaya nu énténg, panyajak nepikeun kesan jeung kritik kana kahirupan anu kompléks. Sacara umum sajak-sajak  dina ieu buku resep dibacana. Pangpangna anu parondok kayaning “Nyekar”, “Yén Srangéngé Ngangkat Segara”  jeung “Ibu Kondur”. Tapi sakapeung muncul kekecapan basa Indonésia, malah kekecapan  basa Inggris deuih.

Dina Layang Panantang, panyajakna nuduhkeun kawani nangtukeun pilihan  sarta wani nempuh pangalaman nu rupa-rupa kalawan ngagunakeun téknik éksprési anu merenah, sering dina wangunan épigram (“Épigram Kacu Wungu”, Épigram Jingga”, Épigram Ésuk”) atawa ngagunakeun latar anu Jawa pisan (“Sokalima 2006”, “Pupuh Pamitan”, “Kembang Mayang”, “Pupuh Palaran”). Kabéhanana kalawan kasadaran yén kaéndahan kudu luyu jeung bobot pikiranana. Sawatara sajak ngagunakeun tipografi, tata ruang, tata padalisan nu ngahaja disina simétris pikeun ngajak nu maca sangkan “asup” kana alam pikiran panyajak sarta méré tafsir sorangan.

Sakumna sajak nu aya dina Wong Agung: Gurit Punjul Rong Puluh digarap kalawan dasar oralitas puisi Jawa nu kuat nepi ka réréana karasa éndah dibacana sarta miboga éfék mantra. Tapi réa kekecapan nu digunakeun sacara individual pisan nepi ka matak “poék” napsirkeunana. Upamana sajak “Suluk Pagunungan”, “Sastra Géndra” jeung sawatara deui. Tapi aya sajak anu matak kataji, upamana “Kembang Geni”, “Trumpah Lars”, “Srengéngé”, “Sun Tutup Biruné Langit” jeung

”Wiji Thukul”.

Sanggeus dipertimbangkeun kalawan saksama, Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Jawa pikeun karya, dihaturkeun ka

Layang Panantang

Karya Sumono Sandy Asmoro

(wedalan  Balai Bahasa, Surabaya)

Ari nu baris dihaturanan Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Jawa pikeun jasa nyaéta

Bonari Nabobenar

(lahir di Trenggalék, 1 Januari 1964)

Bonari geus ti keur di sakola kénéh gedé minatna kana sastra. Manéhna lulusan IKIP Surabaya (ayeuna Universitas Negeri Surabaya) jurusan Bahasa dan Sastera Indonésia. Bonari aktip dina diskusi-diskusi, boh ngeunaan sastra Jawa boh ngeunaan sastra Indonésia, boh di kampus boh di luareunana. Manéhna aktip deuih di Sanggar Triwida. Sanggeus  lulus aktip dina kagiatan-kagiatan sastra Jawa di daérah tempat lahirna, Trenggalék, Jawa Timur. Dina taun 1993-1994 babarengan jeung sawatara baturna ngayakeun gerakan sastra kalawan bandéra “Révitalisasi Sastera Pedalaman”.

Bubuhan lulusan IKIP, Bonari kungsi jadi guru SLTP Swasta tapi minatna leuwih condong kana sastra jeung jurnalistik, antarana jadi redaktur Jawa Anyar (Solo). Ayeuna jadi redaktur X-File.

Mimitina nulis sajak (guritan), carita pondok katut éséy nu dimuat dina rupa-rupa média basa Jawa kayaning Jaya Baya, Panjebar Semangat, Mekar Sari jeung Jaka Lodang. Ari tulisanana anu dina basa Indonésia dimuat dina Surabaya Post, Suara Indonésia, Jawa Pos, Wawasan, Horison, jll.

Ayeuna Bonari jadi Ketua PPJPS (Paguyuban Pengarang Sastra Jawa Surabaya) sarta dina sawatara taun  pangahirna jadi fasilisator pikeun TKW di Hongkong  nulis karya kréatif. Hasilna geus medal sawatara judul buku karya para pangarang awéwé ti komunitas TKI di Hongkong. Bonari gé jadi salah saurang anu ngagerakkeun Kongrés Sastra Jawa I (2001) di Solo jeung Kongrés Sastra Jawa II (2006) di Semarang, ngayakeun Féstival Sastra Jawa di  désa (2009), jll.

Ka Bonari baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Jawa pikeun  jasa, mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun sastra Bali

Dina taun 2009, dina basa Bali medal 9 judul buku sastra, nyaéta hiji kumpulan sajak (Gerip Maurip Ngridip Mekedip karya I Nyoman Manda); hiji roman saduran (Cokorda Darma beunang I Gusti Putu Antara), tujuh kumpulan carita pondok (Cor beunang I Wayan Paing, Da Nakonang Adan Tiange karya Agung Wiyat S. Ardhi, Jangkrik Maenci karya I Gusti Putu Bawa Samar Gantang, Bli Kadek karya Putu Nopi Suardani, Dasa Tali Dogén karya I Gdé Darma, Léak Pemoroan karya I Wayan Sandha jeung Warisan Jagal beunang IBW Keniten).

Kumpulan sajak I Nyoman Manda téh istiméwa, kabéhna opat jilid, jilid I-III masing-masing kandelna leuwih ti 1.000 (saréwu) kaca, ari jilid IV kurang ti 10 (sapuluh) kaca. Kabéhna leuwih ti 3.500 kaca. Boh dina basa Bali boh dina basa  Indonésia tacan kungsi aya kumpulan sajak hiji panyajak nu sakitu kandelna. I Nyoman Manda mémang pangarang anu produktif pisan dina basa Bali. Manda nulis sajak, roman, drama jeung carita pondok. Kungsi narima  Hadiah Sastra “Rancagé” tilu kali, sakali pikeun jasa (1998), dua kali pikeun karya (taun 2003 jeung 2008). I Nyoman Manda gé jadi redaktur majalah dina basa Bali nyaéta Canangsari jeung Satua anu béh dieu mah  jadi majalah dwibasa (jeung basa Indonésia).

Gerip Maurip Ngridip Mekedip jilid III husus ngamuat terjemahan Nyoman Manda tina  karya para panyajak Indonésia  ti mimiti Sanusi Pané jeung Amir Hamzah nepi ka Afrisal Malna jeung Oka Rukmini ditambah ku karya para panyajak sawatara nagara dumasar kana terjemahan dina basa Indonésia, antarana ti Jerman, Australia, Afrika Kidul jeung Malaysia. Tapi jilid I jeung II mah ngan ngamuat sajak-sajak Nyoman Manda baé. Hartina leuwih ti 2.000 sajak. Témana rupa-rupa pangpangna dumasar kana kajadian sapopoé, ti mimiti komérsialisasi budaya akibat industri pariwisata, korupsi, kampanye pemilu, démo anarkis, narkoba, sinétron, banjir,  naékna harga BBM, illegal loging, kasus Prita Mulyasari, Tukul Arwana, jll. Kitu deui topik aktual dunya jadi sajak ku Nyoman Manda mah kayaning perang jalur Gaza, kajadian di Tienamen Béijing, insidén George Bush dibalédog ku sapatu, Obama nyanghareupan krisis dunya, jll. Réa inspirasina anu dumasar kana béja-béja aktual dina média massa. Kwalitas sajakna henteu rata. Aya nu kuat tur beuneur ku pamikiran dibarengan ku sinismeu anu seukeut, tapi réa anu taya bédana tina eusi pojok koran.

Roman Cokorda Darma téh saduran tina Don Quixote karya Cervantes anu geus jadi klasik dunya. Langka aya roman saduran tina basa deungeun kana basa Bali, atuh Cokorda Darma  téh minangka jadi pamuka jalan. Hanjakal caritana pabeulit sarta réa anu copongna, nepi ka hésé dituturkeunana.

Nepi ka ayeuna tacan aya nu ngabuktikeun yén enya léak téh aya. Tapi urang Bali umumna palercayaeun yén mémang aya manusa sakti anu bisa mindahrupa jadi léak (mangrupa banaspati, monyét., babi, anjing, rangda,. barong atawa naon baé) sarta sok culika ka nu lian. Para pangarang Bali bangun anu hayang ngaenyakeun éta kapercayaan dina karya-karyana anu nyaritakeun léak, tapi bari nandeskeun yén léak nu jadi lambang ilmu hideung nu jahat pasti bisa dicaremkeun ku kahadéan. Dina tujuh kumpulan carita pondok terbitan 2009, réa carita ngeunaan léak. Jangkrik Maenci karya I Gusti Putu Samar Gantang, eusina réréana carita ngeunaan léak. Kitu deui Léak Pemoroan karya I Wayan Sandha jeung Da Nakonang Adan Tiange karya Asgung S. Wiyat gé ngamuat carita panjang ngeunaan léak.

Kalemahan umumna buku kumpulan carita anu tujuh wedalan 2009 téh ku lantaran kualitas caritana henteu rata. Dina Dasa Tali Dogén karya I Gdé Darma upamana, nu eusina 15 carita téh ngan dua carita anu alus sarta kuat, ari sésana teu aya konflikan tur  caritana gé henteu puguh. Réa anu jiga éséy atawa artikel. Nu istiméwa pamedalan ieu buku téh dilampiran ku CD anu ngamuat rekaman carita-carita téa nu dibacakeun ku pangarangna.

Kitu deui carita-carita anu dimuat dina Cor, Bli Kadek jeung Warisan Jagal, teu aya nu bogaeun bobot, sanajan caritana matak kataji tapi sok anggeus saméméh réngsé. Bisa jadi ku sabab ditulisna gurunggusuh muatkeuneun dina surat kabar.

Nu punjul Léak Pemoroan (Sétan Pamoroan) karya I Wayan Sandha nu eusina 41 carita nu ditulis minangka skétsa kahirupan tapi unsur naratif jeung konflikna dijaga kalawan rapih. Témana rupa-rupa. Aya carita léak, aya kahirupan ungkluk, korban pasca-pariwisata massa, carita ngeunaan kapercayaan nu kaleuleuwihi ka dukun, tupa-tipu nepi ka fénoména multilevel marketing (MLM).  “Léak Pemoroan” nyaritakeun kateuneung tukang ngobor belut anu diganggu ku léak. Henteu sieuneun nyanghareupan  mahluk kajajadén sarta ngalawan éta mahluk nepi ka palastrana. Suasana peuting kitu deui perang tanding jeung sétan déskripsina kuat pisan. Basa nu digunakeunana semu-semu ngeyéhkeun tapi mampuheun ngagali masalah tur bisa ngagambarkeun perwatek tokoh anu dicaritakeun. Kritik seukeut  gé ditepikeunana ku basa anu wening. Dina “Wisian Bank Dunia” Wayan Sandha ngiritik MLM bari ngaliwat, “Ah, gara-gara Bank Dunia iraga nepukin soroh jelema dot sugih kuala tusing bani ngetéling peluh” (Ah, gara-gara Bank Dunia aku menemukan kelompok manusia yang ingin kaya tapi tidak berani menétéskan peluh”). Dina ngagunakeun misil atawa idiom karasa merenah, nepi ka skétsa kahirupan téh miboga aroma sastra anu kandel.

Dumasar kana pertimbangan tadi, Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun karya ditepikeun pikeun

Léak Pamoroan

Karya I Wayan Sandha

(wedalan Balai Bahasa Dén Pasar)

Ka I Wayan Sandha  baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun  karya, mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Ari nu kapilih pikeun dihaturanan Hadiah Sastra ”Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun jasa, nyaéta

Agung Wiyat S. Ardhi

(lahir di Gianyar, Bali, 3 Fébruari 1946)

Kagiatan Agung Wiyat téh dina dua lapangan. Kahiji, lapangan kréatif nyipta karya sastra boh dina basa Bali tradisional boh dina basa Bali modéren. Kadua, aktif dina lapangan ngabina basa, aksara katut sastra Bali. Manéhna mulai nulis dina basa Bali modéren taun 1976 sarta terus aktif nepi ka kiwari. Ti ngawitan taun 1991 karyana sering jadi unggulan dina rupa-rupa pasanggiri puisi jeung carita pondok di Bali. Taun 1997 kumpulan caritana Bogolan  meunang hadiah kahiji. Taun 2001 kumpulan carita pondokna Gending Girang Sisi Pekerisan meunang Hadiah Sastra “Rancagé” pikeun karya. Karyana nu lian al. kumpulan  drama Bogolan, kaasup Mandor Bawah (2002), Bukit Buung Bukit Mentik (2004), jeung Da Nakonang Adan Tiange (2009).

Dina widang sastra Bali tradisional, Agung Wiyat réa nyalin sarta ngabahas harti bagian-bagian tina épos Mahabharata jeung Ramayana katut carita-carita Tantri. Nu geus anggeus disalin Prastanika Parwa (2004), Swarga Rohana Parwa (2004), Wirata Parwa (2006) jeung Uttara Kanda (2008). Kabéhanana medal mangrupa buku dina aksara Bali, jadi sarana pikeun singsakur nu mikaresep karya sastra Bali dina aksara Bali atawa pikeun singsakur nu hayang diajar ngeunaan hal éta.

Ti taun 2000 Agung S. Wiyat aktif dina rupa-rupa tim nu ngabina basa, sastra jeung aksara Bali nu méré bingbingan ka kelompok para guru, siswa jeung ibu-ibu PKK. Agung Wiyat gé aktif dina ngabina kelompok mabebasan atawa pesantian nyaéta nu nembangkeun sarta ngabahas harti puisi tradisional, kaasup gaguritan, kidung jeung kakawin. Salian ti éta manéhna gé jadi anggota tim anu milih sarta ngalatih tim mabebasan kabupatén (Gianyar) pikeun pasanggiri tingkat provinsi anu diayakeun dina Pésta Kasenian Bali nu lumangsung saban taun.

Ku kituna Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun jasa dihaturkeun ka Agung  Wiyat S. Ardhi mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun sastra Lampung

Hadiah Sastra “Rancagé” pikeun karya kungsi dihaturkeun pikeun sastra Lampung dina taun 2008 da aya buku karya sastra dina basa Lampung anu medal taun 2007. Tapi dina taun  2008 mah teu aya buku anu medal, nya tahun tukang henteu aya Hadiah Sastra “Rancage” 2009 pikeun sastra Lampung. Taun 2009 medal dua judul buku dina basa Lampung, nya Hadiah Sastra “Rancagé’ 2010 baris dihaturkeun pikeun sastra Lampung.

Buku anu dua judul téh nu hiji kumpulan  sajak (Di Lawok Nyak Nélépon Pelabuhan karya Oky Sanjaya), ari nu hiji deui kumpulan carita pondok (Cerita-cerita Jak Bandar Negeri Semuong karya Asarpin Aslami).

Di Lawok Nyak Nélépon Pelabuhan (Di Laut kuring nélépon ka Palabuan) eusina 57 sajak nu ditulis ku  mahasiswa Universitas Lampung jurusan Fisika téh mangrupa usaha ngawangun imajinasi ngeunaan hal-hal basajan: jandéla,  haseup, sarung, lisung, jll. Hal-hal réméh nu diolah jadi métafora nu matak kataji. Kajadian sapopoé diréfléksikeun ku Oky kalawan ngagunakeun kekecapan basajan, tapi mampuh ngajak nu maca ngarasakeun anu saenyana, upamana sajak “Hinjang Bak” (Sarung Bapa). Tapi sacara umum mah sajak-sajak Oky téh masih kénéh atah, jauh dibandingkeun jeung sajak-sajak Udo Z. Karzi nu kungsi narima Hadiah Sastra “Rancagé” 2008 mah.

Cerita-cerita Jak Bandar Negeri Semuong (Carita-carita ti Dayeuh Nagri Semuong) eusina aya 17 carita pondok anu ngagambarkeun rupa-rupa kabiasaan, tatacara, adat-istiadat, prilaku jeung tingkah polah masarakat di Bandar Negeri Semuong, hiji kacamatan di kabupatén Tanggamus, Lampung.  Asdarpin anu lulusan IAIN Radén Intan mampuheun ngadéskripsikeun budaya tradisional mangrupa carita pondok kayaning kabiasaan kajaruwan (néangan suluh) nu dilakukeun ku ibu-ibu urang lembur atawa kabiasaan siahan (haharéwosan ti luareun bilik nu dilakukeun ku para bujang jeung mojang impianana). Aya deuih anu  ngolah warahan (salah sahiji wangunan sastra lisan) kana carita pondok modéren. Sanajan nu dicaritakeunana béda-béda tapi ku sabab aya tempat anu jadi pigura nu ngahijikeunana, éta carita-carita téh kabéhanana aya patalina. Ngan hanjakal aya sawatara pedaran anu lain carita pondok, cara “Badok” (Meunang gelar) nu medar ngeunaan upacara maparin gelar adat dina waktu nikah.

Moal bisa dibantah yén buku Asarpin téh kumpulan carita pondok  modéren nu munggaran dina basa Lampung nu eusina réa miboga ajén-inajén tradisional jeung modéren. Nya ku lantaran éta pertimbangan pisan Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Lampung pikeun karya dihaturkeun ka

Cerita-cerita Jak Bandar Negeri Semuong

Kumpulan carita pondok Asarpin Aslami

(wedalan B.E. Press, Bandar Lampung)

Ka Asarpin Aslami  baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Lampung pikeun  karya, mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Hadiah “Samsudi” 2010 pikeun bacaan  barudak dina basa Sunda

Dina taun 2009, medal 4 judul buku bacaan barudak dina basa Sunda nu kabéhanana mangrupa dongéng sasakala, nyaéta Sasakala Cadas Pangéran, Sasakala Candi Cangkuang, Sasakala Karajaan Arcamanik  jeung Sasakala Pajajaran. Kabéhanana ditulis ku Aan Merdéka Permana. Sasakala téh sabangsa legénda anu patali jeung asal-usul ngaran tempat, gunung, talaga, walungan atawa mahluk jeung lian-lianna. Di masarakat Sunda upamana aya dongéng sasakala Sang Kuriang anu patali jeung asal-usul Talaga Bandung jeung Gunung Tangkuban Parahu, dongéng sasakala gunung Tampomas di Sumedang jeung sasakala naon sababna gagak buluna hideung padahal tadina mah bodas. Ngaranna gé dongéng, teu bisa dianggap sajarah da ngan wungkul dumasar kana imajinasi jeung fantasi manusa. Tapi dina sasakala nu ditulis ku Aan Meréka Permana sering disebut kalawan pasti titimangsa mangrupa taun (nu teu jelas ti mana sumberna) nepi ka bisa timbul persépsi barudak nu macana yén sagala anu dicaritakeun di dinya téh kajadian sajarah anu enyaan. Padahal anu ditulis ku Aan téh henteu  salilana sajalan jeung kajadian sajarah. Upamana gelar “kolonél” dipaparinkeunana ku Gubernur Jénderal Baron van (der) Capéllen ka bupati Sumedang dina Sasakala Cadas Pangéran ku Aan disebutkeun dumasar kana jasa-jasa sang bupati ngamankeun Sumedang nu cenah harita loba karaman nu ngaganggu kaamanan.  Padahal nurutkeun sajarah mah bupati Sumedang Pangéran Kusumahdinata diangkat jadi  “kolonél” téh ku sabab anjeunna diangkat jadi komandan para bupati lianna ti Tatar Sunda enggoning nyanghareupan Perang Diponegoro. Nya ku sabab diangkat jadi “kolonél” anjeunna ku rahayat disebut “Pangéran Kornél”.

Sambarangan ngasupkeun unsur sajarah dina waktu nulis sasakala dina hiji pihak jiga anu hayang ngayakinkeun nu macana yén caritana téh hal anu enyaan kungsi kajadian luyu jeung sajarah, tapi di pihak lianna lamun aya nu misualkeun data-data sajarahna, manéhna baris ngelid ku nyebutkeun yén nu ditulisna téh wungkul dongéng sasakala. Ku kituna henteu aya buku bacaan barudak  anu merenah pikeun dihaturanan Hadiah “Samsudi” 2010.

Upacara pamasrahan Hadiah Sastra “Rancagé” 2010, lumangsung kalawan gawé bareng jeung Universitas Negeri Yogyakarta di Kampus UNY di Yogyakarta dina bulan Méi 2010.

Pabélan, 31 Januari, 2010.

Yayasan Kebudayaan “Rancagé”

Ajip Rosidi

Ketua Déwan Pembina

Pasanggiri ka-9 Maca Sajak Satatar Sunda
Hujan di Buruan, Sunda Pancuran Kula

PASANGGIRI ka-9 Maca Sajak Sunda Satatar Sunda tingkat SD/MI/SMP/Mts/SMA/SMK/MA di SMA Pasundan 2 Tasikmalaya, lumangsung tilu poe noron, Jumaah-Ahad (28-30/5). Najan teu katembong aya pamapag ti inohong, pasanggiri ngageuleuyeung. Nembrakkeun hojah Kang Eri Kustiaman saparakanca nu teu rongret-rongret ngahurungkeun sumanget nonoman enggoning ngobyagkeun budaya Sunda. Saujratna. Teu dijieun-jieun. Kagambar pisan dina “Hujan di Buruan”, salah sahiji sajak nu aya dina kumpulan sajak nu medal unggal Pasanggiri.

Hujan di buruan

lain cimata

tapi kakelar nu tinggarendang

na daun-daun pandan

Sajak beunang Hadi AKS teh, estuning ngawakilan suasana poe kahiji. Copelna, 70 patandang tingkat SD/MI midang ka panggung. Kayungyun, ngagalindengkeun sajak dina basa indung. Lir lagu panghalimpuna nu can kungsi dihaleuangkeu ku biduan ti mana wae oge. Lain sual teknis. Tapi spiritna nu ngagedur.

Di dieu aya keneh angin

nu ngalaong ti tungtung lembur

basa peuting beuki jauh

hate dibawa tilem laun-laun

Tetela. Sajak “Hujan di Buruan” ngawakilan pisan poe munggaran. Gumelarna pinton wewesen budaya nu remen teu katalingakeun ku para inohong nu capetang umajak nanjeurkeun budaya dina biantara-biantara. Keun wae, urang undeur hikmahna. Boa ku ayana kieu, para pajoang kabudayaan beuki ngagedur. Keur para inohong mah, urang kintun wae sajak “Bulan” karya Rahmat M. Sas Karana.

Teuteup ka langit

ka bulan bunder keur imut

bentang rapang sidengdang di langit lenglang

Barudak ulin di buruan

‘Na beungeut bulan nu ngempur koneng

aya kalangkang ngelemeng hideung

Nini Anteh jongjon muter-muter kincir

ngawiletan kanteh tinuneun

kapasna mega nu bodas.

Adumanis pisan, lamun ieu sajak diteuleuman ku jalma nu sok ngembarakeun jangji, tapi dina emprona catur taya bukur.

Upama ninun geus parat, Nini

turun ka dunya bawa lawon masing loba

jang budak nu keur gobag ditaranjang

sing walatra bagi sabajueun sewang

Ieu sajak impresif Rahmat M. Sas Karana teh, singhoreng bisa disurahan jadi kritik anu peureus. Bisa enya, bisa henteu. Da ieu mah ngan saukur tapsir. Keun wae minangka tarekah pikeun silih elingan. Nu leuwih penting mah rek dirojong atawa henteu, kasenian kudu terus ngalalakon. Kawas spirit sajak “Sunda” (Eddy D. Iskandar).

Pancuran, pancuran kula

walungan, walungan kula

lautan-lautan kula

cikahuripan

awaking

Tangkal bagja tangkal tengtrem

daun hirup daun hurip

sawah deudeuh sawah nyaah

sukma waluya

sukma ngajega

Taneuh maneuh taneuh galeuh

jeg ajeg tohaga raga

dicangcang ku sora degung

ditenung ku sora degung

dielingan cianjuran

hung ahung

nganteng na jajantung

Diwewegan ku “Du’a” (Sajak karya Risnawati): … Gusti, papaesan ieu raga / ku endahna ahlak mulya / jeung lengkah nu ngawirahma / sangkan diasih sasama / sangkan hirup nyanding bagja // Gusti, ieu hate, ieu rasa, ieu raga / kuring teu ngaboga-boga.

Teu cukup ku du’a wungkul, tapi kudu dibarengan ku ihtiar demi nanjeurna “Sarakan Urang” (sajak Ino Misno):

… Mangkade

Gancang geura nguniang

Ulah tibra sare

Bisi ku semah kapepende.

Naskah Berita Sunda
Vanka Vidyakarmani

SDN Indihiang Gadis

Assalamualaikum, wr. Wb.

Pamiarsa wilujeng patepang sareng Vanka Vidyakarmani dina acara Iber  Salalar, Indihiang TV. Hiji-hijina TV Berita di Kecamatan Indihiang.  Warta anu baris kapidangkeun dinten ayeuna, di antawisna: Siswi SMP  Dibawa Kabur  ku Hiji Pamuda Kenalanana dina Facebook, Lamping Gunung  Guntur Rempag, sareng tips kanggo pamiarsa: Cara Miceun Racun  Leob Emi.

Pamiarsa Indihiang TV, nerekabna facebook mimiti karasa balukarna.  Nunung Nurhayati alias Enung  (15), murid Kls III SMPN 1 Rajadesa,  Kabupaten Ciamis, geus tilu minggu leungit. Pihak kulawarga boga  anggapan Enung kabur jeung hiji pamuda kenalanana dina facebook, Ta (19)  warga Desa Sirnabaya, Kecamatan Rajadesa keneh.

Nurutkeun laporan pihak kulawarga ka Pamarentahan Desa jeung  Polsek Rajadesa, Enung nu dumuk di Kubangsari RT 3 RW 8, ngaleungit ti  wangkid poe Senen (1/2). Nepi ka Ahad (22/2) kamari can aya bejana.  Salila ieu, Enung hahadean jeung kenalanana dina facebook, katelahna Ta.

Kepala Desa Sirnabaya, Mamat Rohmat netelakeun dumasar kana  laporan nu katarima, Enung leungit ti wangkid poe Senen (1/2) tabuh  09.00, waktuna diajar di sakola. Samemeh ngaleungit, Enung kungsi  kaperego ku kulawargana silih kirim pesen jeung Ta dina facebook.

Kabejakeun, basa jam pelajaran keur lumangsung aya ojeg ka  sakola, nu ngaku emangna Enung. Eta lalaki ngaku rek mapag Enung alatan  indungna gering parna. Atuh, ku pihak sakola diidinan. Ti saprak harita,  Enung ngereles.

Pamiarsa Indihiang TV.

Lamping sumber cinyusu Cisaat di Gunung Guntur, Kabupaten Garut rempag.  Ngabalukarkeun banjir leutak di areal pasawahan wewengkon Kampung  Cisaat, Desa Tanjungkarya, Kecamatan Samarang.

Warga di opat kampung wewengkon Tanjungjaya ngarungsi ka tempat nu  leuwih aman. Taki-taki, bisi aya longsor deui lu leuwih rohaka. Opat  kampung anu dikosongkeun, nya eta  Cisaat, Makam, Pasirmuncang, jeung  Tanjung di Desa Tanjungjaya.

Ketua RT 01, RW 13, Kampung Cisaat, Asep R. Hidayat, nembrakkeun  kondisina matak prihatin. Lamping terus rempag ngarurub selokan jeung  sumber cinyusu di gunung Guntur. Lamun rempag deui, opat kampung baris  karurub. “Nu matak ayeuna dikosongkeun, nepi ka  aman,” pokna.

Pamiarsa Indihiang TV.

Emi leob geus jadi kacapangan. Lian ti hargana murah, ngasakanana oge  gampil pisan. Najan kitu, loba keneh nu can apal, kumaha carana  ngaleungitkeun racun nu aya dina emi leob, anu ayeuna baris didadarkeun.

Leuwihan cai nu baris digolakkeun keur ngaleob emi tea. Sanggeus  ngagolak, pisahkeun jadi dua bagian. Cicikeun kana dua panci.

Kunclungkeun emi kana panci kahiji, pikeun meresihan kandungan  lilin dina emi. Golakkeun deui. Tunguan nepi ka emi katembong semu  koneng. Tandana lapisan lilin nu napel dina emi luntur. Laju angkat emi,  tur garingkeun tina caina.

Sanggeus kitu kunclungkeun emi leob kana panic anu kadua. Panaskeun  sajongjonan, bari nambahan lalab jeung endog atawa nu sejenna, karesep  Saderek. Dijamin mi leob langkung aman. Mangga geura cobian.

Sakitu anu kapihatur. Wilujeng tepang deui dina acara Iber Salalar,  indihiang TV nu bakal dongkap.

Billahi taufiq. Wasalamualaikum wr. Wb.

Lemesna: Papasingan Awak Sakujur
Beungeut = Pameunteu, Raray

Buuk = Rambut

Sirah = Mastaka

Ceuli = Cepil

Halis = Kening

Panon = Soca

Irung = Pangambung

Biwir = Lambéy

Gado = Angkeut

Beuheung = Tenggek

Leungeun = Panangan

Ramo = Réma

Kuku = Tanggay

Suku = Sampéan

Bujur = Imbit

Tarang = Taar

Pipi = Damis

Dahar
ku Herman Saputra

Réngsé salat Subuh biasana Ema langsung kaprak-keprek di dapur, mirun seuneu, naheur cai keur ninyuh cikopi jeung ngeusian téko, popolah nyieun lalawuh saaya-aya keur mumuluk isuk-isuk.

Teu lila kulutrak Bapa muka panto mulih ti masigit, gék calik di tepas. Cikopi sacangkir sareng seupan sampeu gura-giru dibakian disodorkeun ku Ema kana méja Bapa. Suruput cikopi panas diuyup ku bapa semu ni’mat naker, kusiwel ngaluarkeun dompét bako jeung daun kawung, dilinting, cekés pelenyun udud sajongjongan. Seupan sampeu minangka sasarapna téh.

Rengse sasarap tuluy nyiapkeun pakarang bawaeun ka sawah,ari ema jongjon deui wé di dapur, ngisikan tuluy nyangu, gégéroh jeung ngasakan deungeun sangu.

Réngsé nyiapkeun pakarang, bapa tuluy ngagidig muru ka sawah. Karasa hawa tiis kénéh, reumis masih kénéh baseuh dina dangdaunan anu sakapeung kahibas ku awak, karasa nyecep. Anjog ka sawah téh isuk kénéh pisan, teu siga pagawé di kota nu sok kabareurangan.

Ngolah sawah biasana kumaha usumna, aya usum macul, usum tandur, usum melak atawa usum ngarambét dilakonan kalayan daria jeung soson-soson. Lamun panon poé geus karasa ngajeletit rék maju ka panas morérét, disebutna téh wanci pecat sawed (kira kira tabuh 10), katingali rentang-rentang Ema angkaribung. Boboko eusi timbel jeung deungeun sangu digémbol, pananganana ngajingjing téko digantélan ku cangkir séng. Kuring ngiclik dipengkereunana sok resep ngadon milu dahar balakécrakan.

Brak dahar teteg naker. Sangu timbel, sambel ledok, oséng waluh, goréng jaér, beuleum peda atawa naon wé saaya-aya. Lalabna mah sok ngundeur jaat atawa kacang panjang dina galengan sawah nu ngahaja dipelak ku Bapa.

Ni’matna balakécrakan di saung sawah bari ngararasakeun hiliwirna angin leutik kiwari tinggal panineungan.

Réngsé dahar tuluy mulang, ari Bapa mah biasana sok tuluy ka kebon néangan alaeun, Ema léos ka saung lisung nutu paré atawa migawé pagawéan séjénna.

Bada salat Lohor, Ema geus kudu tatahar deui di dapur, ngahaneutkeun sangu jeung ngadamel deui asakan pikeun dahar burit. Biasana dituangna téh bada Asar. Tah kitu kabiasaan di lembur mah.

Pedaran di luhur ngahaja hayang ngébréhkeun pola dahar urang lembur, béhna mah geuning béda jeung pola dahar urang kota. Di kota mah aya “sarapan pagi”, dahar sakumaha ilaharna sarapan kira-kira tabuh 6 atawa jam 7 isuk-isuk, tuluy “makan siang” bada Lohor, “makan malam” bada Magrib. Ari di lembur mah isuk-isuk mumuluk saaya-aya, minangka daharna téh wanci pecat sawed, engké dahar deui bada Asar. Ngan sakitu, tara ieuh aya acara “makan malam” siga di kota.

Sabada dititénan, geuning kiwari loba urang kota anu geus tara ngahajakeun “makan malam” pajar manéh ambéh séhat cenah. Beu, palangsiang pola dahar urang lembur boa leuwih séhat!

Cag ah!

Mapag Reuni Akbar Lises Unpad
Geus paheut ti kamari kénéh, poé Saptu (9/1) téh rék aya riungan jeung papada sobat LISES Unpad nu kungsi aktif di awal taun 90-an. Tempatna di Kopi Progo di Jalan Progo, pabeubeurang wanci haneut sayur. Iber mimiti mah katampa ti lanceuk angkatan, Téh Nita Hérjantini (Angkatan 88, Lingga Buana) ngaliwatan fb. Ti dinya terus ditépakeun deui sina naréptépan ka nu séjén.Niat indit ti imah téh ti tabuh 11 kénéh. Tapi kakara bisa jung bada lohor. Basa rék indit pisan, Soléh Hadistisna (Angkatan 89, Niskalawastu) nelepon, mapaykeun rék indit henteuna.

“Kakara rék jung,” témbal téh, “Tepung di ditu wé.”

Dasar jodo –tina katuliskeun kuntilanak, barang tepi ka tempat parkir, ku diparengkeun pisan tepung jeung Soléh. Ngaboncéng geureuhana. Ti mimiti nempo ka kuring gé, Soléh téh geus nyéréngéh. Sukur, asa aya batur yeuh. Basa sup ka jero, horéng di dinya geus aya genep urangna, Kang Ajat (88), Téh Nita (88), Rédi Langentresna (92), Agam Rizki Monzana (89), Ira Garmanah (93), jeung Maya Sofiana (92). Mani pogot sasalaman, dipapay hiji-hiji. Bagja, bisa ngariung jeung sobat sapapanggungan nu geus lila teu manggih deui panggung.

Teu kungsi lila torojol Téh Béy (Nurkholbiah, angkatan 89) kapandeurian. Pada ngarangkulan (ku kaomna), pada ngabagéakeun.

Kalah uplek ngobrol ngalér-ngidul. Sagala diobrolkeun. Sagala dibudalkeun. Paagul-agul pédah kungsi ditolak (lebah dieu mah kuring teu pipilueun agul, najan enya karaos nineungna geuning ditolak téh hé-hé….). Siliseungseurikeun, silibolékérkeun pangalaman ‘ditampik’. Agul duméh kungsi ditolak 12 kali. Agul duméh ditinggalkeun kawin. Agul pédah pada-pada micinta mojang nu sarua. bedah, taya nu didingding kelir. Ukur Néng Maya nu teu pati agul ku pangalamanana téh. Tuda ti kapungkur gé, tétéh éta mah terkenal carang takolna, iwal ti gumujeng sareng gumujeng baé bari ngabandungan wangkongan nu ‘arocés’.

Tina riungan téh nguniang kasapukan, rék milu rumojong kana gagasan Réuni Akbar LISES Unpad nu pajah rék diayakeun bulan Fébruari ayeuna. Saréréa pada sapuk, rék silibéjaan, sangkan dina emprona bisa rempeg ngahadiran. Lian ti ngabadamikeun pangrojong kana acara réuni téa, dina éta riungan gé saréréa pada misapuk rék nyieun beungkeutan ‘non formal’ di papada alumni. Tapi saréréa gé sapuk, najan enya non formal, keukeuh baé kudu aya nu ngoordinasikeunana. Ku kitu téh diwangun baé struktur ‘kapangurusanana’ sakumaha nu kabaca di handap ieu.

Ketua: Kang Ajat

Sekretaris: Nita Hérjantini, Evi Pramanik

Bendahara: Nurkholbiah

Humas: Dian Héndrayana, Agam Rizki, Ricky Nugaraha

Konsumsi: Nurmaya Sofiana, Ira Garmanah, Rosmawati

Acara: Rédi LT, Soléh, Nantia Réna Munggaran

Eta susunan kapangurusan gedé kamunginan bisa diwewegan deui ka hareupna. Sing saha baé bisa icikibung.

Geus kasusun kapangurusan kitu mah, riungan téh ditutup kira tabuh 16.30. Mun taya harungan, baris ngariung deui tanggal 24 Januari. Rencanana dii Perpustakaan Unpad (cara riungan sabada lebaran téa), tabuh 10-an.

Utamana ka sing saha waé nu rumaos anggota LISES ti saban entragan mangga urang ngairung kaping 24 Januari. Wartosan deui nu sanésna. Kahadé lali, sasih Fébruari badé aya Réuni Akbar LISES. Urang deudeul ku sadayana. Prung ah!

Sakitu heula

HUMAS

Coél Leunca Atah Nini Arsah
Carpon Kuswan

“Kang, Nyai asa hayang dahar jeung coél leunca wungkul. Bosen dahar jeung daging baé.”

“Ah, naha kahayang téh bet anéh? Batur mah hayang dahar téh jeung daging, bosen jeung coél leunca terus.”  Prawira gagaro teu ateul ngadéngé kahayang  pamajikanna.

“Gugu wé atuh! Adatna nu hamil muda mah, keur ngidam éta téh. Pamali mun teu digugu matak ngacay waé budakna.”

“Ah, da kabéh budak leutik mah sok ngacay. Pantes wé da can aya huntuan.” Ceuk Prawira ngagerentes na haté. Henteu ari poksang diobrolkeun hareupeun mitohana mah. “Tadi ningali tina kaca jandéla mobil, aya ibu-ibu keur dahar jeung coél leunca hareupeun imah  nikmat pisan.”

“Enya atuh, naon héséna kari nitah ka pembantu atawa supir.” Prawira neundeun roko na asbak bari terus dipareuman. Haseup bodas nu tadi minuhan ruangan beuki nyingray katebak angin.

“Ngaladénan kahayang nu ngandeg alatan ngidam mah teu meunang ku batur, tapi kudu langsung ku salakina.”

Mitohana rada muncereng ka Prawira. Teu kosi ngomong nanaon deui Prawira ngojéngkang nyokot konci mobil.

“Duh kamana néangan leunca wayah kieu? Warung geus tarutup. Aya kahayang téh aya-aya waé. Kunaon atuh henteu tadi basa beurang kénéh?” Prawira kukulutus bari muka panto mobil.

“Geus beunghar hayang kénéh dahareun jalma miskin. Batur mah kahayang téh apel merah atawa buah-buah impor nu séjén. Duh kamana néangananya?” Prawira masih can eureun kukulutus. Wanci geus mimiti maju kapeutingnakeun. Keur ukuran lembur di rada pasisian mah geus meujeuhna salaré barudak. Arloji mahal meunang pangmeulikeun babaturanna ti luar negeri  nu ngajembléng na leungeun kénca Prawira nunjukeun jam satengah salapan. Jangkrik silih patémbalan jeung bangkong sawah nu kahujanan basa saréupna tadi.

Prawira ngajalankeun mobil geus aya kana sapuluh kilométerna, barang nu ditéangan masih can kapanggih. Toko nu nu dituju téh kabeneran tutup. Prawira muter arah rék mulang deui.

“Duh pasti hanjelueun pisan pamajikan téh lamun teu meunang.”

Prawira ngalaunkeun mobil di hareupeun warung kopi. Kaciri aya tulisan “Sedia Karedok Leunca & Soto.”

Dina émpéranna kaciri aya sabaraha urang warga nu keur maraén gapléh. Reg mobil eureun. Nu keur maraén kartu gapleh eureun sakeudeung ningali mobil nu ngarandeg,  tuluy jarongjon deui gapléh. Sora kartu nu ting jareplak nyorang palupuh awi patémbalan jeung sora musik dangdut tina radio nu sorana geus rada sembér.

“Géngsi ah lamun barang beuli di tempat nu kieu. Piraku jalma beunghar asup ka warung kopi leutik.” Prawira teu jadi maéhan mesin mobil.

“Urusan ka pamajikan mah kumaha engké.” Prawira ngahuleng mikir néangan alesan.

Gerbang imah Prawira geus katingali kasorot ku lampu mobil. Karék ge rék mencét klakson ménta pangmukakeun gerbang, HP-na nyora aya SMS : “Kang, kadé sing meunang leunca téh !”

“Beu..piraku paséa lantaran leunca…” Prawira muter stir deui nuju ka warung kopi nu tadi.

Teu kacatur lila di jalan, Prawira geus tepi.

“Pa, naha tadi teu janten mung lirén sakedap?” Salah saurang nu keur gapléh nanya.

“Teu kunanaon.” Prawira ngabéléhém rada kaéraan, terus nyampeurkeun nu boga warung.

“Peryogi naon Pa?” Nu boga warung daréhdéh.

“Aya kénéh leunca atah, Mang?”

“Aduh kaleresan dinten ieu mah teu icalan karédok leunca da pun bojo nuju kirang séhat. Sanés tadi Bapa téh nu lirén sakedap payuneun warung téa? Tah pami lungsur mah aya samangkokeun deui mah. Éta ge leunca pamasihan tukang sayur, Ki Sajum. Leunca sésa nu teu pajeng rupina mah. Tah tadi pas Bapa mangkat téh aya tatanggi nu nyuhunkeun. Janten wé ayeuna teu gaduh leunca sapanon-panon acan.” Nu boga warung nerangkeun panjang lébar.

Prawira geus rék ambek tadina mah ngadéngé dongéng nu sakitu panjangna nu padahal mah lain jawaban nu dipiharep, tapi sadar diri da manéhanana sorangan nu salah.

“Mang, cing tulungan kuring lah! Kira-kira saha nu bogaeun kénéh leunca atah?”

“Kanggo naon atuh wengi-wengi kieu? Pami kanggo réncang sangu wayah kieu mah asa kirang enak da peuheur atuh leunca atah mah, Pa.”

“Ah pokona mah perlu pisan. Tapi da kumaha deui ari teu boga mah moal maksa.” Prawira ngaléos bari rada jamedud. Nu boga warung olohok ngembang kadu.

“Pa, antos sakedap!” Nu boga warung ujug-ujug ngagero. Prawira nyileuk.

“Pami peryogi pisan mah cobi ka Nini Arsah. Aya bumi panggung payuneun tajug. Kirang langkung dalapan kilo lah ti dieu mah. Biasana anjeunna mah sok gaduh pelak di buruanna.”

Prawira nyileuk bari teu némbal nanaon terus buru-buru asup deui kana mobil.

“Euh… ari nu beunghar ditulungan ku jalma cacah kuricakan meuni teu nuhun-nuhun acan.” Nu boga warung ngagerentes na haténa bari nyokot gebyog warung rék tutup.

Prawira atoh semu bingung. Atohna barang nu keur ditétéangan téh aya harepan kapanggih, sedengkeun bingungna manéhanana ngarasa géngsi mun asup ka imah réyod bari rék ngadon ménta tulung. Saumur hirup di kota manéhanana teu apal ka tatangga. Budaya ti béh dayeuh nu saperti kitu teh kabawa. Sanajan geus rék sataun pindah ka béh pasisian manéhna can loba nu wanoh ka tatangga sabudeureun imahna, sok komo deui rék ngadon ménta tulung. Prawira gé apal ka lelebahan imah Nini Arsah téh da sabenerna mah teu jauh ti imahna, kira-kira ukur 500 metéran.

Teu lila Prawira nepi ka tempat nu dituju. Prawira turun tina mobil, terus ngarandeg sakejapan. Kaciri di buruan téh aya tangkal sampeu nu pucukna tapak tas dipetik. Daun nu karolotna katingali baseuh ku cai hujan jeung ibun.

“Nini, sora aya mobil eureun hareupeun imah. Cing tempo ka hareup!” Hawar-hawar kadéngé sora aki-aki ti jero tas kebésékan.

Panto muka, kadéngé sora si Aki keur nyuruput cai téh panas bangun nu tas kapiselek.

“Euleuh-euleuh geuning aya Dén Prawira. Mangga atuh ka lebet! Aya pikersaeun naon atuh wengi-wengi kersa rurumpaheun ka saung réyod kieu?” Nini Arsah ngabagéakeun.

“Ah Ni, di dieu wé da moal lila. Ni, aya kénéh leunca atah?”

“Leunca atah? Lebet wé heula atuh! Hawatos, tiris! Da kedah ngoréhan heula di pawon.”

Prawira asup, Ni Arsah mah ngaléos ka dapur. Imah panggung karasa ngarieg katincak ku pangawakan Prawira nu jangkung badag. Di tengah imah kaciri si Aki keur nyanghareupan boboko sangu, leunca atah sapiring, sambel tarasi jeung goréng témpé sakeuruet deui.

“Aéh-aéh Dén Prawira dadanguan téh milari leunca atah? Eh dugi ka hilap. Dén, ngiring tuang atuh! Nini, mawa piring ka dieu keur Dén Prawira!” Si Aki nawaran dahar bari rada ngélémés éraeun nawaran dahar jeung leunca sasat ka jalma jugala.

“Moal Ki. Enya puguh butuh pisan.”

“Kanggo naon atuh wanci kieu milari leunca atah.”

“Ah itu Nyonya keur hamil muda, ngidam hayang dahar jeung coél leunca atah. Ki, naha kakara dahar wayah kieu?” Prawira ngalihkeun topik embung ngabahas soal ngidam coél leunca.

“Kaleresan dinten ieu mah ngider sayuran téh dugi ka Magrib. Sayuran satanggungan téh teu laku sadaya jaba seueur nu nganjuk. Kenging artos sakiloeun béas, samara, sareng témpé sabungkus gé meuni maksa. Artos téh dibalanjakeun wé sadaya ka warung si Juma. Tah pami wengi kieu mah warung si Juma téh sok jadi warung kopi. Tos balanja téh, breg hujan janten wé si Nini masakna kawengian da Akina ngantosan raat hujan heula.”

“Euleuh geuning di pawon mah ngan sakieu Aki, leunca téh.” Si Nini némbongkeun leunca na keupeulanna nu ngan sababaraha ranggeuy.

“Ieu wé atuh nu na piring.”

Teu kalékéd si Nini ngawadahan leunca nu aya na piring hareupeun si Aki kana palastik bari terus ngomong sasadu, “Wios Dén pami mung sakieu-kieuna? Pami siang kénéh mah tiasa milari heula panginten ka kebon. Pami ngala diburuan, masih parentil da nembé tadi siang tos diundeur.”

“Enya lah teu nanaon. Gampang kurang mah bisa kadieu deui ari beurang, Sabarahaeun ieu leunca téh?”

Prawira nampanan palastik wadah leunca bari terus ngodok pésak.

“Ah, teu kedah diartosan Dén. Pira leunca sakitu, candak wé!” Si Aki ngahulag.

“Enya atuh.” Prawira buru-buru ngojéngkang kaluar. Teu lila kadéngé sora mobil distater.

“Uyuhan ku téga leunca ngan sakitu-kituna bari keur dihareupan rék dihuapkeun téh meuni teu nuhun-nuhun acan. Lain ditampanan atuh lumayan duitna? Sidik beurang sayuran téh teu pati payu.” Ni Arsah gegerendeng ka si Aki.

“Ih ulah gegerendeng kitu Nini! Urang mah kudu tutulung kanu butuh tatalang kanu susah. Geuning ceuk ajengan gé basa Rajaban baréto…?

“Ah da Nini mah teu milu Rajaban da keur teu séhat.” Ni Arsah motong, “Kumaha kitu?”

“Heueuh, petani mah harepan asup kana surga téh gedé, sabab petani mah geus ngabudaya meunang hasil tatanén saeutik ge, minimal tatangga sabudeureun téh sok kabagéan ngasaan-ngasaan baé mah. Rék panén leunca, jagong, kacang atawa naon baé, méméh ngajual téh sok ngabagi heula tatangga. Béda jeung pengusaha gedéan atawa pagawe negeri hususna di lembur urang, saha nu daék bébéré ka tatangga siga petani kawas urang. Tah urang bakal gampang asup ka surga soté lamun dibarengan ku ikhlas. Lamun ngaharep paméré deui ti jalma mah sarua wé jeung bohong. Keun ulah gegerendeng! Sugan lamun urang ikhlas mah hasil tatanén urang téh beuki mucekil. Ku Allah téh disuburkeun, hama-hama dieuweuhkeun jeung sajabana.”

“Ah, keur naon hasil tatanén ngaronjat gé ari hésé dijualna mah siga poé ieu. Rajeun aya payu, hargana pejét ari barang ti urang mah. Béda jeung barang ti batur, misalna minyak goréng. Euweuh wé carita hargana kudu turun mah, komo rék nyanghareupan bulan Puasa kieu.”

“Dipikir-pikir mah enya ogé. Sabar wé lah urang mah! Nu penting mah urang séhat. Sanajan hahargaan marahal lamun keur séhat mah, dahar empal daging sapi jeung coél leunca atah gé nikmat. Tuh buktina jalma beunghar gé butuheun leunca. Coba lamun urang keur gering, dahar jeung lolodeh buah paria  ge pait he..he..”

“Ah naha kalah heureuy, buah paria mah didahar ku sasaha gé angger wé pait.”

Si Nini ngojéngkang rék nyokot cai panas tina térmos.

Kantos dimuat dina HU Priangan, ilustrasi poto kénging Faizal Amiruddin