
ku Herman Saputra Réngsé salat Subuh biasana Ema langsung kaprak-keprek di dapur, mirun seuneu, naheur cai keur ninyuh cikopi jeung ngeusian téko, popolah nyieun lalawuh saaya-aya keur mumuluk isuk-isuk. Teu lila kulutrak Bapa muka panto mulih ti masigit, gék calik di tepas. Cikopi sacangkir sareng seupan sampeu gura-giru dibakian disodorkeun ku Ema kana méja Bapa. [...]
Januari 19, 2010 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

SANGGEUS dirugal-rigel, singhoreng waragad pikeun ngagelar Ujian Nasional (UN) taun 2009, ngarengkol 572 miliar. Wincikanana, 376 miliar diancokeun jang Ujian Akhir Nasional jeung UASBN 2009. Katambah ku 196 miliar jang Ujian Paket A, B, jeung C.
Désémber 8, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

TEU salah-salah teuing mun aya nu pirajeunan nataan tipeu-tipeu hitut téh. Malah, wakca baé. Kuring bisa ngundeur hikmahna. Sok geura imeutan. Lamun ku urang diwisik kalawan gemet.Nu ngarana hitut kaluarna téh palebah awak bagéan tengah nu hara-haraeun. Boh hareupna, boh tukangna.
Oktober 9, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

Ya Robi, neda hapunten. simkuring teu tiasa ngojayan talaga nu sakitu legana. Sanaos narah peunggas di tengah jalan, namung geuning tanaga beuki ngorotan. Rumaos teu tiasa nyinglar kasakit hate, nu beuki ngagalura, gegedor di unggal juru kalbu. Isin nataku, mapag sasih Romdon nu sakitu ngagenclangna. Ya Robi, neda hapunten…
Agustus 19, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

KARYA senina kaitung minculak. Munasabah lamun ngajaul ka luhur. Jadi seniman sohor, tur nyingraykeun anggapan jalma rea soal glamorna hirup kumbuh di dunya entertainmen. Taya lian, Mbah Surip nu moyan ngahaleuangkeun “I Luv You Full” wanda reggae tea.
Agustus 5, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

ETA cenah, urang mah teu kaur nanjung. Sok poho ka temah wadi. Ngapung di luhur, ngawang-ngawang nyorangan. Bari beuheung maseuk sirah, nepi ka jegreg teu tungkul-tungkul. Embung papak jeung batur salembur. Cadu kasoro wiwaha.
Juli 12, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

JALMA, baheula mah teu ieuh loba kahayang, da memang kauger ku kaayaan. Copѐlna cukup ku tilu perkara pikeun nohonan pangabutuh hirup. Sandang, pangan, jeung papan.
Juli 8, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

DINA mangsa rame-ramena Pemilihan Umum kamari ieu, aya beja anu “ngurunyung” ngaliwatan HP sabagean inohong Sunda. Teu jelas nu ngirim beja teh da patema-tema tea. Duka pituin urang Sunda duka sejen seler. Mung eta eusi beja teh sigana geus jadi kacapangan balarea sok sanajan teu pada-pada kedal.
Juli 4, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

JUMAAH, 14 Juni 2002 di London, Inggris. Rebuan warga London jeung kota-kota sejenna daratang ka Stasion KA Paddington. Awewe, lalaki, kolot, budak, pasesedek minuhan stasion, malah leber nepi ka trotoar jalan di sabudeureunana.
Juli 2, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »

TI leuleutik acan kungsi ngiluan mengbal. Lain teu resep, tapi teu bisa. Ketang, pangpangna mah sieun katajong batur. Komo da di lembur mah harita teh sok nyaleker.
Juli 1, 2009 | Dikirim kana
Sawangan |
Tuluyna »