Oto Iskandar di NATA “Nyongcolang ngokolakeun Pagoeyoeban Pasoendan...”

Arsip ‘Iber Salalar’

Workshop Budaya Sunda Sa-Jawa Barat

Workshop Budaya Sunda Sa-Jawa Barat

TASIK, Rawayan Pikeun ngawewegan kaparigelan guru Basa Sunda, Dinas Pendidikan Kota/Kabupaten Tasikmalaya gawe bareng jeung FKIP Unsil ngagelar “Workshop Budaya Sunda sa-Jawa Barat”. Ieu gempungan guru Basa Sunda SD, SMP, SMA, SMK teh lumangsung di Gedung Rektorat Unsil, Salasa (22/6). Nu jadi panyatur dina ieu workshop di antarana Ketua Balai Pendidikan Bahasa Daerah (BPBD), H. [...]

Hadiah Sastra Rancagé 2010

Hadiah Sastra Rancagé 2010

Alhamdulilah taun ieu pikeun ka-22 kalina Hadiah Sastra “Rancagé” dihaturkeun pikeun sastra Sunda, nu ka-17 kalina pikeun sastra Jawa, nu ka-14 kalina pikeun sastra Bali sarta nu kadua kalina pikeun sastra Lampung. Pikeun sastra Sunda jeung Bali dihaturkeun  saban taun henteu aya copongna. Pikeun sastra Jawa kungsi hadiah pikeun karya henteu dihaturkeun dina taun 1995 [...]

Pasanggiri ka-9 Maca Sajak Satatar Sunda

Pasanggiri ka-9 Maca Sajak Satatar Sunda

Hujan di Buruan, Sunda Pancuran Kula PASANGGIRI ka-9 Maca Sajak Sunda Satatar Sunda tingkat SD/MI/SMP/Mts/SMA/SMK/MA di SMA Pasundan 2 Tasikmalaya, lumangsung tilu poe noron, Jumaah-Ahad (28-30/5). Najan teu katembong aya pamapag ti inohong, pasanggiri ngageuleuyeung. Nembrakkeun hojah Kang Eri Kustiaman saparakanca nu teu rongret-rongret ngahurungkeun sumanget nonoman enggoning ngobyagkeun budaya Sunda. Saujratna. Teu dijieun-jieun. Kagambar [...]

Mapag Reuni Akbar Lises Unpad

Mapag Reuni Akbar Lises Unpad

Geus paheut ti kamari kénéh, poé Saptu (9/1) téh rék aya riungan jeung papada sobat LISES Unpad nu kungsi aktif di awal taun 90-an. Tempatna di Kopi Progo di Jalan Progo, pabeubeurang wanci haneut sayur. Iber mimiti mah katampa ti lanceuk angkatan, Téh Nita Hérjantini (Angkatan 88, Lingga Buana) ngaliwatan fb. Ti dinya terus ditépakeun [...]

Karinding ti Citamiang

Karinding ti Citamiang

Di gulampéng Pasir Mukti, karinding kapireng deui sora nu mentang dangiang, ti landeuheun Citamiang ditabeuh ku haté nu nyidem tineung keur nu leuseuh balas nanjak mapay jalan kahirupan Ngaranna Mang Oyon Noraharjo, genep puluh lima taun di buruan imahna inyana ngadongéng na lahunan karinding ngagolér kénéh na rénghapna nu katangen kaguligah

Uar Pangajak FDBS XI, 2010

Uar Pangajak FDBS XI, 2010

Taun 2008, FDBS X kacatet dina rekor MURI mangrupi festival drama panglamina, jurina oge (Rahman Sabur, Godi Suwarna, Ayi Kurnia Iskandar) kedah ngajogo 20 dinten noron maparin pangajen ka 74 grup. Dina sadintenna, rata-rata opat grup anu minton. Taun ieu, hayu urang ngabucatkeun deui eta rekor. Sakaligus ngaronjatkeun ajen-inajen, seni drama Sunda hususna, seni-budaya Sunda [...]

Marhabaan di Radio

Marhabaan di Radio

Malem Jumaah, di kampung-kampung di Tasik masih kénéh sok dieusian ku acara déba atawa maca barjanzi. Katelah ogé marhabaan. Biasana di masjid atawa di imah-imah nu sok dipaké tempat diajar ngaji barudak. Di béh kota mah asana geus arang katémbong. Nu pirajeunan sok kadéngé téh mun geus tabuh 9 peuting, réa masarakat nu sok nyetél [...]

Kalamanda jeung Sekarwati

Kalamanda jeung Sekarwati

WADITRA Karinding singhoréng gumelar alatan cinta. Cenah jaman baheula, aya hiji pamuda. Kalamanda ngaranna. Manéhna kapincut ku wanoja turunan ménak, Raden Sekarwati. Apan baheula mah nu ngaranna rumaja putri teh teu bebas kawas kiwari. Komo deui nincak ka ménak. Ku kolotna baris dipingit. Hésé pisan rék ka luar imah téh.

Raja Wales

Raja Wales

R. HIDAYAT Suryalaga, pangarang naskah drama Sunda produktif, tapis pisan namperkeun sawangan Lord Acton, ngeunaan kakawasaan nu ngemu watek  korupsi. Naskahna, Raja Wales, dipintonkeun ku Téater Windu di Gedong Kasenian Tasikmalaya (GKT) lima poé noron (2-7)/8). Disutradaraan ku Ageung, tur dikokolakeun produksina ku Nurdin Epis Alamsyah. Lord Acton, guru besar sajarah modérn Cambridge Inggris nu [...]

Spirit Sunda

Spirit Sunda

“TASIK téh kasebutna tempat nu ngemu ajén-inajén budaya linuhung. Lamun kiwari morogol, nyarahcalan. Hartina urang geus ngalakukeun dosa budaya,” cék Acil Bimbo basa ngawangkong di Gedung Kesenian Tasikmalaya, Salasa (28/7). Kahariwang urang Sunda nu can peuyar nepi ka kiwari, méh dina sagala widang teu bisa menyat. Kadéséh ku kamekaran jaman nu ngabelesat. Nu jadi cukang [...]

Lebet log | WpAdvanced NewsPaper | Pakutan-kutan pageuning-geuning. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan | GabfireThemes © ALL RIGHTS RESERVED